Waalaikumsalam  Wr Wb.
 
Haturan kang Lukman.....damang..?
Ngawitan maos postingan kang Lukman mung sakolepat teu di tilik-tilik, dina emutan tos kaimpleng sabangsaning sasatoan aya komodo, badak sapi, jsjbna, anu tumpur ku ayana gempa tsunami, da eta aya seratan komando Jrrd...he he  Diuihan deui maos seratan sihoreng sabangsaning perkempelan jalmi anu namina FPI, upami teu lepat Frot Pembebasan Islam , komando Jihad sareng anu sanesna..Sapagodos sareng pamendak kang Lukman kapungkur maraneh na mani aktif ngabela...duka ngabela saha..? da katinggalna toh pati jiwa raga keur ngabelaan. Kedahna mah upami hoyong katingal niatna sae waktosna ayeuna ningalikeun ka balarea yen maranehna tukang tulang-tulung anu nuju katalangsara Jig !  geura arindit jeung niat anu tulus rek nulungan baraya urang di Aceh, eta oge sarua jihad perang, merangan kamiskinan, merangan panyakit, merangan karusakan, jeng sajabana.Tapi meureun tos ical anggotan kitu..!  mana teu katingal ketakna, atawa jempe pedah euweuh kauntungan keur maranehna..?
Sami kang..! teteh oge nuju diajar keneh nyerat sinerat ku basa sunda, panginten seueur lepatna. Tapi moal tiasa-tiasa upami urang seueur kasieun, nya hapunten wae ka baraya anu sanes bilih seueur lepatna.. Dupi kang Lukman aya dimana ?
Cag ..ah..
 
Wassalam
teh tien


lukman_hakims <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Assalamu'alaikum wr wb,
Sim kuring nimbrung sakedik, kumaha dongengna nya sabangsa
FPI,komando jihad jrrd anu samodel kitu, ari ningali kaayaan Aceh
kieu naon wae ketakna nya, jadi sabangsa sim kuring teu pati ngarti
we kana tingkah paripolahna anu model kitu teh, ari ngan saukur
nyalahkeun batur mah pagawean pang gampangna tapi jadi conto suri
toladan anu penting mah sangkan urang luar Islam teh bisa ningali
jeung ngarasakeun yakin yen Islam teh rohmatan lil 'alamiin.
Namung punten bilih bisi pamadegan sim kuring teh teu sapagodos
jeung pamadegan kadang wargi,hapunten anu di teda .
bilih bae aya undak usuk basa anu kirang merenah,punten bae sim
kuring teh ngantunkeun tatar Sunda teh dalapan tahun langkung.
Mugia urang Sunda langkung motekar dina wawasan sinareng teknologi
tong tinggaleun ku bangsa deungeun.
Amiin yaa robbal alamiin

wassalam





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT
click here


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke