Punten Kang Agus di KUSNET teh aya urang Kompas, nyaeta kang Agus Hermawan.
Kang Agus Her teh urang KUSNET heubeul, ngan ayeuna jarang posting,
panginten nuju paciweuh. Kuring teu satuju upama Kompas disebut media
kristen, margi nu didamel di Kompas teh seueur nu Islam malah Pemimpin
redaksina oge Haji! (leres henteu Kang Agus Her?). Kuring geus maca Kompas
ti taun 1970'an tepi ka ayeuna, rarasaan teh teu kantos maca wartos dina
koran ieu nu ngaharib-harib kana misionaris. Kuring oge terang pendiri
Kompas teh PK Oyong jeung Yakob Oetama nu kabeneran agamana Katholik tapi da
koranna mah nya biasa we saperti koran umum nu sejenna, malah ari Kompas mah
koran panggedena di Indonesia ayeuna malah jadi "konglomerat"!

Perkawis koran Republika, kuring baheula oge langganan di kantor. Republika
ageung keur jaman jayana Pa Habibie. Lamun teu salah, baheula teh kungsi
saham-saham keur nerbitkeun koran ieu dijualan ka Pagawe Nagri nu muslim
utamina mah didaerah-daerah, diwajibkeun, potong gaji. Tapi lalakonna kuring
hilap deui ngan Republika saprakna pa Habibie henteu manggung deui,  jadi
ngaleutikan, format cetakna oge jadi beda jeung baheula. Jigana eleh saingan
jeung koran anu alalanyar terbit. Soal eusi Republika? ah sabenerna mah
sarua we jeung Kompas, kitu-kitu keneh. Mang J, kuncen Kusnet, lamun teu
lepat mah kantos kukulutus, kumargi aya wartos nu teu akurat, nu
nyabit-nyabit MJ, wartawanna asal tulis wae teu konfirmasi heula ka MJ!

Majalah Sabilli, kuring sakapeung sok maca, ngan tara meuli, tapi eusi
Sabilli tiasa ditingali dina internet. Ceuk kuring mah Sabilli mah rada
mirip jeung judul-judul wartos dina koran Rakyat Merdeka  rada bombatis,
jeung rada mirip jeung eusi selebaran di masjid-masjid lamun urang rek
jumaahan. Kuring kungsi padundengan jeung Kang Wawan di Kusnet, soal Idi
Amin. ceuk kang Wawan, Idi Amin teh pahlawan Islam nu dikorbankeun ku media
barat. Kang Wawan make sumber ti Majalah Sabilli. Hanjakal kang Wawan hilap
deui edisi Sabilli nomor ka sabaraha. Manawi kang Agus masih gaduh eta
Majalah Sabili nu ngeunaan Idi Amin?

Baktos,
WALUYA



----- Original Message -----
From: Zamhur "PAKUSARAKAN" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Sunday, January 09, 2005 2:16 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] FPI,MMI,jrrd


>
> NB : enya pan Media masa loliba nu urang kresten nya di sorot teh
> sabangsa amrik, jeng yayasan yatim piatun anu di maluku susterna
> daranga ka aceh kitu
>
> mun nempo berita na media masa perkara organisasi islam
> komo berita ti kompas group, indopos group, jeng mediagroup kudu di ilikan
deui
> matakna baca saperti sabili jeng lain2lain atuhh
> meh saimbang beritana
>




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke