Baraya, tah aya balad anyar. Pedang Badar ngaranna, alias Aday,
baladna Kang Bunbun. Pacabakanana kana nyair cenah, duka di wahangan
mana sok nyairna... Wilujeng sumping, Kang Badar! Wilujeng tepang!
Kuring sikandar, kuncen bungsu, urang Garut di Sunda Kalapa.

Mangga lajengkeun!


---------- Forwarded message ----------
From: Saeful Badar <[EMAIL PROTECTED]>
Date: Sun, 9 Jan 2005 19:37:07 +0700
Subject: Re: File - Aturan Milis  Komunitas Urang Sunda di Internet.doc
To: urangsunda Moderator <[EMAIL PROTECTED]>



Sampurasun,
Nepangkeun, sim kuring wasta pun Badar. Lengkepna Saeful Badar. Sok disebat
oge Abu Badar Ba'asyir. Aya oge nu nyebat ku Abu Badar. keur budak keneh mah
sok disebat Aday, teuing ku naha. Sok padahal, asa teu nyambung pisan,
antawis Badar jeung Aday teh. Malah sok digeuhgeuykeun, majar teh Aday
Ngelay cenah, hehe. Sim kuring sok ceurik lamun digeuhgeuykeun kitu teh.
Dupi lahir, asli di Tasikmalaya, taun ah rahasia eta mah, nu jelas tanggalna
10 Juli. Kantos kuliah di D-1 Bahasa Indonesia, atuh kantos oge janten Umar
Bakrie di Langkaplancar Ciamis, teras di SMP Pasundan 1 Tasikmalaya. Ayeuna,
tos sababaraha taun kapengker resmi janten panganggur kalayan di-SK-an.
Kagiatan sadidinten mah mung ukur curat-coret nulis sautak-saeutik, aya
puisi aya prosa (laporan budaya). Kalan-kalan nulis oge ku Basa Sunda,
kantos dimuat di Mangle sareng Cupumanik. Di lembur mah sok seueur nu nyebat
kuring teh penyair, padahal asa teu ngaraos kitu. Sareng kanca-kanca di
Tasik, kuring oge ngokolakeun Sanggar Sastra Tasik (SST) di antawisna sareng
Acep Zamzam Noor, Sarabunis Mubarok, Nazarudin Azhar, sns. Sakitu manawi, ah
mugi bae palawargi di ieu milis teu kaabotan narima sim kuring janten
anggota. Hatur Nuhun sateuacanna. Baktosna : Saeful Badar


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke