Assalamualaikum,
Minggu kamari kuring ngiring pangajian mingguan di Cilongok Psr Kemis-Tng, ceuk Kyai UCI T. anakna Kyai Dimyati (alm) urang kudu ati-ati sabab bakal aya musibah deui jangka waktu 2 atawa sampe 4 bulan ka hareup di wilayah banten-jabar tapi cenah kamungkinan lebih leutik ti aceh kamari. Ceuk anjeuna atos aya tanda-tanda ka dirina nyaeta ayana deui laleur hejo asup ka kamarna lewih leutik tibatan nu kamari. Anjeuna nitahan ka umat muslim kudu ngayakeun tobat nasuha (bener-bener tobat) lobakeun baca amalan Nabi Yunus keur aya dijero beteung lauk paus tea. Atuh mudah-mudah Allah swt henteu jadi nurunkeun bancana ka urang sadayana nu aya di Indonesia, tapi ati-ati jeung waspada mah penting. Wassalam, Ragil Albantani (Jalak Banten) > > > -------Original Message------- > > From: [email protected] > Date: 01/10/05 11:30:07 > To: [email protected] > Subject: Re: [Urang Sunda] Fwd: FW: NEGARA-NEGARA ARAB CUEK SAJA?? > > Ceuk ustad ti UIN Syarif Hidayatullah poe Saptu kamari harti tina cara maot > ku Tsunami kamari mah sewang-sewangan, kumaha masing-masing jalma. Nu can > baleg atuh langsung ahli sorga, mun nu geus baleg nya kumaha kaayaan harita. > Mun niatna upama neang kipayah keur kulawarga atawa elmu Insya Allah maotna > kaasup keur jihad. > > Ceuk pa ustadz urang kudu biasa-biasa we lah da titingalian nu hirup mah > sok teu pas. Contona jaman nabi Hamzah RA basa dipanah pan gumujeng da apal > maotna panto ka sorga, tapi ceuk nu nempo mah pan mangkarunyakeun pedah > jasadna diacak-acak nepi ka jantungna dicokot. Nya kitu ka urang Aceh nu > teuleum jeung ngararambang teh boa-boa maranehna teh syahid, da nu kabayang > mah dina nyanghareupan cai nu ngagolak teh aranjeuna ngagungkeun asma Allah. > > > Jadi nu boga masalah mah lain nu geus maot tapi urang-urang nu harirup > keneh. Pan teu aya jaminan maotna urang kawas aranjeuna. Cara jeung kumaha > hosna jelema teu langkung Allah SWT, pan saenyana urang teh kagungan Allah > jeung saenyana urang rek marulih ka Anjeuna. > > Eta mah nyaan lain carios kuring, ieu mah sakalian bari mepeling diri > sorangan meungpeung inget eusi pangajian ti ustadz UINSH. Mugi urang dina > hos maot teh aya dina kaayaan khusnul khotimah. Amin. > > Salam > Jalak Pakuan > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

