Walaikum salam wr,wb
 
Ngiring bingah ka kang akos anu parantos nyepitan putrana teu aya halangan harungan. Mugia putra kang akos jadi anak nu soleh jeung berbakti ka kadua kolotna.
Inya allah mun teu aya pamengan bade ngaluuhan ka bumi kang akos..
 
Wasalam,
JB
 
-------Original Message-------
 
Date: 01/10/05 11:51:25
Subject: [Urang Sunda] Uleman ping 15 Januari 2005
 
Assalamu'alaikum...
 
Kahatur baraya Kusnet sadayana,
alhamdulillah dinten Saptu kamari, 8 januari 2005 pun
anak duanana parantos disepitan. Syukur alhamdulillah
oge dina acara sepitan kamari teu aya halangan
harungan pon kitu oge murangkalih dipaparin kasehatan
dugikeun ka ayeuna. Sim kuring sakulawargi oge seja
ngahaturkeun rewu nuhun ka para wargi sadayana kanggo
pidu'ana.
Aya kabingahan anu kacida ageungna rehna sim kuring
kanu jadi sepuhna parantos ngajajapkeun pun anak
nincak kana kasempurnaan warugana pikeun sujud ibadah
ka Gusti Nu Maha Agung.
 
Kukituna, minangka rasa syukur anu taya papadana, sim
kuring sakulawargi  baris ngayakeun syukuran dina
dinten Saptu ping 15 Januari 2005 ieu.
Ka baraya KUSNET sadayana mangga dihaturan sumping ka
rorompok kanggo ngaluuhan eta acara syukuran.
 
Sakitu heula anu tiasa kapihatur, sim kuring oge
sakantenan bade permios heula samentawis ti milis moal
tiasa mindeng ngalongokan lembur kualatan pakepukna
urusaneun padamelan anu kudu rengse sateuacan cuti ti
kantor ti dinten Kemis ieu.
 
Kanggo ulemanana/alamat lengkepna mangga di tingal
dina file nangkod dihandap. Punten teu kabujeng
disundakeun, da heureut pisan waktosna. Hatur nuhun...
 
Wassalam,
baktos akos
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke