Saluyu kang, mangga hayuu..
 
Nia
-----Original Message-----
From: Ragil [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, January 11, 2005 12:05 PM
To: [email protected]
Subject: RE: [Urang Sunda] Uleman ping 15 Januari 2005

 
Alhamdulilah sae Teh Nia...
Kamari pan atos dikirim kaos polo tea anu ngangge logo 'Teuneung Ludeung Tandang Makalang' ku kang Ikmal, Cek kang Ikmal mun geus make kaos eta mah moal sieun nanaon sabab eta kaos geus di peutingkeun di makam prabu siliwingi.
 
Moal nyasar.. pan ka bumi kang akosna duaan we jeung Teh Nia...kumaha saluyu?
 
JB
 
-------Original Message-------
 
Date: 01/11/05 11:52:00
Subject: RE: [Urang Sunda] Uleman ping 15 Januari 2005
 
Kang Ragil...Damang? ludeung nyalira kitu? moal nyasar? :D....ta bade sarimbitan?
 
Nia
-----Original Message-----
From: Ragil [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Tuesday, January 11, 2005 11:12 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Uleman ping 15 Januari 2005

 
Walaikum salam wr,wb
 
Ngiring bingah ka kang akos anu parantos nyepitan putrana teu aya halangan harungan. Mugia putra kang akos jadi anak nu soleh jeung berbakti ka kadua kolotna.
Inya allah mun teu aya pamengan bade ngaluuhan ka bumi kang akos..
 
Wasalam,
JB
 
-------Original Message-------
 
Date: 01/10/05 11:51:25
Subject: [Urang Sunda] Uleman ping 15 Januari 2005
 
Assalamu'alaikum...
 
Kahatur baraya Kusnet sadayana,
alhamdulillah dinten Saptu kamari, 8 januari 2005 pun
anak duanana parantos disepitan. Syukur alhamdulillah
oge dina acara sepitan kamari teu aya halangan
harungan pon kitu oge murangkalih dipaparin kasehatan
dugikeun ka ayeuna. Sim kuring sakulawargi oge seja
ngahaturkeun rewu nuhun ka para wargi sadayana kanggo
pidu'ana.
Aya kabingahan anu kacida ageungna rehna sim kuring
kanu jadi sepuhna parantos ngajajapkeun pun anak
nincak kana kasempurnaan warugana pikeun sujud ibadah
ka Gusti Nu Maha Agung.
 
Kukituna, minangka rasa syukur anu taya papadana, sim
kuring sakulawargi  baris ngayakeun syukuran dina
dinten Saptu ping 15 Januari 2005 ieu.
Ka baraya KUSNET sadayana mangga dihaturan sumping ka
rorompok kanggo ngaluuhan eta acara syukuran.
 
Sakitu heula anu tiasa kapihatur, sim kuring oge
sakantenan bade permios heula samentawis ti milis moal
tiasa mindeng ngalongokan lembur kualatan pakepukna
urusaneun padamelan anu kudu rengse sateuacan cuti ti
kantor ti dinten Kemis ieu.
 
Kanggo ulemanana/alamat lengkepna mangga di tingal
dina file nangkod dihandap. Punten teu kabujeng
disundakeun, da heureut pisan waktosna. Hatur nuhun...
 
Wassalam,
baktos akos
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

<<02.gif>>

<<IMSTP.gif>>

<<02_b.jpg>>

Kirim email ke