Kang Jalak,
Satemenna....loba urang Sunda anu ahli dina widang elmu-elmu pakait jeung taneuh (ilmu-ilmu kebumian). Si kuring onaman teu satai kuku- satai kukuna acan. Teu apal nanaon si kuring mah, enya soteh siga anu calakan dina milist, estuning noroweco bae jeung teu weleh kudu ngilikan bae peperenian. Entong Kang, tong disaruakeun jeunh bener- bener ahli elmu taneuh si kuring mah, da rumasa sagalana oge ukur sapotong. Leuheung mun enya sapotong, ieu mah teu sacongo-congo acan. elmu-elmu anu pakait jeung urusan taneuh teh, ceuk cenah, diantarana geografi (anu lain bae taneuh anu ditalungtikna teh, tapi naon rupa wangun jeung pangeusi taneuh, ngan sacara umum); geologi (tah anu oeu mah tina taneuh terus kahandap anu ditalungtikna teh), geodesi (anu ieu ngeunaan posisi taneuh.kaasup wangunan-wangunan luhureun taneuh, dina koordinat tea ngagambarkeunana teh); elmu taneuh (sigana leuwih condong kana neangan rusiah taneuh keur tatanen); geosifisika (larapan hukum-hukum fisika keur kaayaan taneuh), jsb. Laju tina masing-masing paelmuan di luhur, ngarongheap rupa-rupa paelmuan sejenna. Upamana bae: hidrogeologi anu neruskeun prinsip- prinsip geologi pikeun ngahartikeun laku-lampah cai jero taneuh jeung batu. Pon kitu keneh, dina widang geologi aya ahli stratigrafi, minyak bumi, geokimia, geofisika, paleontologi, jrrd. Nyakitu keneh, tina geografi, geodesi, jeung nu sejenna turun rupa- rupa dahan paelmuan. Ku loba elmu kersaning anu Maha Kawasa tepi ka urang moal cukup nuliskeunana, sanajan sakabeh tatangkalan dijadikeun penana jeung sakabeh cai laut dijadikeun mangsina. Mung Alloh anu Maha Agung. Cag heula. Baktos, manAR --- In [email protected], Jalak Harupat <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Sok aya kembung irung teh upami ngaos di koran anu ahli Geografi, Klimatologi, Astronomi jeung elmu bumi anu sanesnya, naminya nyunda pisan contona Padmawinata, hilap deui nu sanes mah. Sanajan duka leres heunteu Sundana. Tapi dina pikiran kuring ah.....pasti we urang Sunda. > Ieu hiji kaunggulan kanggo urang, urang Sunda anu seueur resep kana elmu bumi sanaos teu seueur jalmina tapi seueur anu nyoncolang. > > Abdi teu terang saha-saha wae anu ahli dina widang eta tapi sok asa nunjukeun Urang Sunda wae akan ahlina da lolobana ahlina ti Bandung jeung Alhamdulillah tina namina Nyunda pisan. Sigana anu apal mah Kyai Kanjeng Abah Oman Manar yeuh.....he..he...he..sembah sungekm! > > > Mugia sing beuki seueur nonoman US anu ulubiung dina Geografi sabab alam urang pan tos nyitak uteuk US sangkan panasaran,sauyuna jeung alam. US jeung alam ibarat cai jeung laukna. > > > > Jalak > > > > > > Sumedang Tandang Nyandang Kahayang > > --------------------------------- > Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

