Kang JB enya baheula kuring ge poekeun pisan kana masalah kujang & keris sunda teh. Ku ngorek-ngorek sihoreng nu mirip jeung kujang teh di Jawa jeung Madura mah disebut kudi (bedana leuwing "ramping" batan kujang), Ari kudi teh jadi pusaka dilingkungan nu tatanen/ngahuma, kawas "jimat" keur ngusir mamala panyakit, banjir, hama jste. Jadi sarua fungsina jeung kujang. Mun keur gawe (lain keur pusaka) eta kudi teh beuki ringkes jadi we clurit/kored. Ari keur raja, pangagung & prajurit alat keur peperangan mah nya papada sarua marake pedang, keris, tumbak, panah. Singketna bisa disebutkeun yen nu jadi simbol kakawasaan, pamarentahan (kaasup perang!) mah keris jeung tumbak, mun kujang (kudi) mah simbol/alat keur tatanen/ngahuma.
Ceuk urang wetan rek kumaha oge US mah moal bisa jadi pamingpin nagara da salah masang "pusaka". US mah cukup ku ngabogaan wewengkon bebas hama wereng, bebas tina musibah alam, ari pamarentahan mah keun we ku seler sejen (mun bisa mah UJ, pan geus dijieun rumus "notonogoro..." tea). Keris sunda? keun we US sina pararohoeun, paling-paling keris mah dipake keur nu kawinan (eta ge seueurna mah made in mataram/madura). Sabisana parohoeun sapohoeun yen Kanjeng Kyai Setan Kober, keris pusaha Sultan Yogya teh saenyana keris sunda, keris buatan empu Cirebon!
Jadi ieu teh salah saha? nya salah urang sorangan nepi ka "terlena". Kumargi kitu ieu mah sigana teh aya pituyun ti karuhun Kang Jalak Banten yen ti ayeuna geura teang pusaka, keris sunda. Sigana mah loba keris sunda nu "terlantar" di tatar kang JB. Oge atuh ka Kang Oman kumaha kang kamarana keris Galuh, naha seueur keneh di Kawali? Ka Teh Tien sareng Ua Tito di Jatim, geura teang keris Padjadjaran, titinggalan US nu tiwas di Bubat.
salam
Jalak Pakuan
Punten Ka Pakusarakan, sanes "nyepelekeun" kujang. Mun rek ambek mah mending bikeun kujangna ka kuring, enyaan bogoh da alus/mulus dina fotona mah -:))
Jalak Banten <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hatur nuhun kang JP..
Tapi kunaon mun ti tiap artikel ngenaan tatar sunda eta KUJANG di
sebatna Sanjata khas Urang Sunda jeung deui muali palajaran sakola ti
SD eta pan geus aya nyebatkeun sanjata2 khas tiap daerah tea salah
sahijina KUJANG tea anu kas sanjata US, ari sanjata pan asosiasina
alat jeung perang atau jeung ngabela diri. Mun kitu tah saha anu
salah...
Baktos,
JB
On Tue, 11 Jan 2005 20:50:43 -0800 (PST), Jalak Pakuan
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Jalak Banten ceuk urang wetan kujang mah kalebetna sanes senjata, tapi
> pusaka nu ceuk urang wetan mah Tosan Aji. Dina Ensiklopedi keris, kujang teh
> saleresna pusaka keur tukang tani/ngahuma pikeun tolak bala panyakit, gagal
> panen jste., pokona intina mah sanes senjata nu jadi alat peperangan. Ku
> naon kujang jadi mashur, cenah sajarahna saprak "beladiri Bubat" aya
> "kebijakan terselubung Majapahit" (??), upaya "discourage" yen karajaan di
> TS teu meunang nyieun parangka keur perang (keris, tumbak). Atuh saprak ti
> harita loba empu2 US nu parindah ka Tuban (nu kawenatar jadi empu Tuban
> Pajajaran), atuh nu di TS lumpatna nyarieun kujang nu fungsina keur
> kamaslahatan lain keur peperangan. Carita2 urang wetan teh aya referensina,
> ngan kuring can manggih referensi ti US sorangan. Aya di web US/Kisunda
> ngeunaan kujang tapi referensina asana mah teu aya.
>
> salam
> Jalak Pakuan
>
> Ragil <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Aya kereteg dina hate kuring hoyong terang asal muasalna sanjata khas urang
> sunda tea yaeta KUJANG. Salain anu bentuk unik cak kuring mah nyaeta lewih
> pendek tibatan jeung sanjata khas seler sejen. Eta sanjata jaman karajaan
> naon digunakeunna di tatar sunda? jeung saha anu geus ga design sanjata
> KUJANG eta? Jeung deui aya hubunganna meureun nya nganran urang sunda lamun
> nyebat ka budak atawa ngaranan budak ku ngaran UJANG.
>
> Nuhunkeun pituduhna..
>
> Baktos
> JB
>
> -------Original Message-------
>
> From: [email protected]
> Date: 01/12/05 09:03:34
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] Toponimi Bogor
>
>
> Dina basa Arab, "bokor" (aslina "baqoro"), ngandung du harti. Nu
> kahiji, "baqoro" teh hartina sapi ("baqoroh" = sapi bikangna). Nu
> kadua, "baqor" hartina "wadah". Imam kalima dina mdzhab Ahlulbait
> kenging gelar "Al-Baqir" anu hartina wadah elmu, kulantaran anjeunna
> luhung elmuna, boh elmu kaislamana atawa elmu sejenna. "Baqir" oge
> sarua asal kecapna tina "baqor".
>
> Dina agama Hndu, sapi teh apan sato anu disucikeun. Munasabah upama
> ngaran "baqor" jadi asal-usul kecap Bogor? Bisa bae, upama nyoko kana
> budaya (oge) agama Sunda anu sauetik lobana kapangaruhan ku Hindu.
> Atuh pon kitu deui, upama eta kecap teh nyoko kana asal kecap tina
> basa Arab (pangaruh Islam). Eta upama nyoko kana harti asal
> kecap "bogor" tina "baqor" anu hartina "sapi" jeung "wadah".
>
> Ngeunaan harti "baqor" salaku wadah pas oge keur Bogor harita
> (Pakuan). Teu kitu kumaha, nya ieu Bogor anu sasatna ngawadahan
> kahirupan jeung hudangna budaya (peradaban) US, tug nepi kakoncara ka
> mana-mana, mangsa harita.
>
> Ari asal kecap "Bogor" tina "Buitenzorg" mah enya asana jauh teuing.
>
> Baktos,
> manAR
>
>
>
>
>
> --- In [email protected], "MSasmita" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Leres nun....aya sababaraah versi ( nu kungsi kabaca ku sim kuring)
> asal
> > kecap Bogor.
> > 1.Buitenzorg, pedah letah US hese ngucapkeun nu kitu nya jadi Bogor
> ( ngan
> > asa jauh nya...buitenzorg....bogor)
> > 2. Asalna tina kecap Baghar atanapi baaqar, nu hartina sapi, pedah
> di jero
> > Kebon Raya aya patung sapi.
> > 3. Asala tina kecap Bokor
> > 4. Saur Pa Cilong tea, Bogor nu hartina tunggul kawung.
> >
> > Dina buku Toponimi teu katangen aya katerangan anu nyebutkeun heula
> mana
> > kecap Buitenzorg atawa Bogor, tapi upami ningali taun di
> adegkeunanan tempat
> > istirahat ( titirah) gegeden Walanda dina taun 1740 dina lokasi
> istana Bogor
> > ayeuna disebut Buitenzorg, sedengkeun kecap bogor nu diucapkeun ku
> Pa Cilong
> > kakara taun 1900an , ana kitu heula keneh sebutan buitenzorg.
> >
> > MSas
> > -----Original Message-----
> > From: asep juarna [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> > Sent: Tuesday, January 11, 2005 1:22 PM
> > To: [email protected]
> > Subject: Re: [Urang Sunda] Toponimi Bogor
> >
> >
> > Heula mana nya, Bogor atawa Buitenzorg? Aya beja cenah
> > yen ngaran Bogor teh asalna tina ngaran Buitenzorg,
> > siga ngaran Batawi tina ngaran Batavia.
> >
> > AJ
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
> ________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
> ________________________________
> Yahoo! Groups Links
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
--
Jalak Banten (JB)
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

