Carita Gunung Guntur ieu, pamustunganana, sigana lain bae nyaritakeun sasakala ngaran "Gunung Guntur", tapi oge Situ Bagendit. Ngan lain sasakala keur situ Bagendit mah, malah nyaritakeun kajadianana pisan. Yen eta Situ teh jieunan manusa. Oge naha tina nami Ratu Inten Dewata katelahna Garut salaku kota Inten? Enya kitu? urang antos bae seratan saterasna ti Kang Kumincir. Mangga Kang lajengkeun.
 
Catetan saeutik. Naha ari Ranggalawe teh sanes salah sawios kapercatenana Sembah Dalem Jayaprakosa tea, kitu? Timbanganten teh taya lian ti Balubur Limbangan ayeuna, tumuwuhna ieu kota mayunan Garut. Upama kitu, tetela atuh carita Sembah Dalem anu ngorolos ti Dayeuh Luhur tuluy reureuh di Pamijahan teh enya, sindang heula ngababakan di Timbanganten.
 
Mangga Kang, mugi heunteu aya halangan nanaon kanggo neraskeunana. Ngeunaan catetan sejarah dijieunna Situ Bagendit kungsi dimuat dina koran PR sababaraha taun ka tukang.
 
Baktos,
manAR


kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Nyanggakeun, Carita Gunung Guntur, disalin tina Volksalmanak Soenda
taun ka-2 (1920), kaca 261.
-------------------

Ayeuna rek nyaritakeun asal mulana Gunung Agung, atawa Gunung Guntur
nu matak urug. Ari asalna eta gunung, disebutna lain Gunung Guntur
atawa Gunung Agung, tapi Gunung Kutu ngaranna. Waktu Sunan Ranggalawe,
jeneng ratu di Timbanganten, nagarana di Korobokan, kagungan saderek
istri hiji, jenenganana Maharaja Inten Dewata; eta teh rakana Sunan
Ranggalawe anu saibu sarama. --
sikandar


PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Yahoo! Groups Links


Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke