nya pasti mun haroream balik deui tea mah da sidik ....jauh pisan. hehehe

Irwan I. SUtisna

On Mon, 17 Jan 2005 01:40:50 -0000, Mamat rachmat <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
>  ----- Original Message ----- 
>  From: Cecep Wahyu 
>  
>  Wilujeng Enjing ka Baraya sadayana..
>  bade naros yeuh...eta Leuweung Tiis teh anu kalangkuangan upami bade 
>  ka pamengpeukkeun, sanes?
>  kumargi taun '94 an lah, kantos diajak ameng ku rerencangan ka 
>  namina teh daerah naon, tapi ka Pamengpeuk teh masih rada tebih.. 
>  pokona endahlah daerahna teh.. aya air terjun na ( air terjun 
>  sundana naon?? )
>  
>  =============================mat===================================
>  
>  
>  Asanamah sanes leuweung tiis..... etamah gunung gelap.....
>  Ari leuweuh tiis ayana antawis leles sareng warung peuteuy... 
>  upami ti bandung-nagreg-kadungora-leles-"leuweung tiis"-warung 
>  peuteuy-tarogong-garut.
>  
>  Tah upami gunung gelap ayana antawis cikajang-pamengpeuk ayana i KM 
>  34 ti Garut......
>  Tah di Gunung gelap aya "Lestoran" di lembur Cihideung....anu 
>  sambelna raos.... pisan..
>  di Lestoran eta tuangeun ngampar dina meja kantung nyandakan.... tos 
>  beres tuang kantun mayar di kasir "bentangna" di eta Lestoran...
>  Eta kasir teh putrana anu gaduh lestoran... rambutna di "KREULLL"
>  Rada kayungyun ku eta lestoran... katuangeunana kumplit kayaning ... 
>  pais lauk, pais hayam, goreng lauk, goreng hayam, goreng jengkol, 
>  goreng peuteuy, lalab sambel... pangaosna mirah pisan... tuang 
>  sahabekna oge paling mung seep genep rewu..... 
>  kanggo bandingan... cai kopi susu kentel teu nganggo gula mung srewu 
>  dua ratus....
>  3 Km ti eta tempat aya curug... namina ......"teuing poho deui"... 
>  teras ka kidulkeun sakedik, mendak jalan rada datar... 
>  pungkal-pengkol mapay walungan anu caina herang...
>  kantos abdi ngahajakeun nyimpang terus mandi di eta walungan... aduh 
>  seeeeegeeeeerrrrrrrrrr pisan, nga anu langkung seger... aya anu rada 
>  caang milu mandi ..
>  Harita teh wanci kasorenakeun.. seueur oge urang lembur dinya anu 
>  madi di walungan... kacipta keneh marake samping ... gebrus madi.....
>  Beh kidulna aya pabrik enteh ....tah lebah dinya seueur anu icalan 
>  kadu sisi jalan... 
>  haritamah ... (1992).. kadu anu ragrag tina tangkal mung sarewu lima 
>  ratus.
>  terus ka beh kidul kinten-kinten 27 Km deu ka Pameungpeuk... laut 
>  kidul tos ngawitan katembong ti luhur pasir...
>  jalan antawis Cikajang-Pamengpeuk 59 KM, anu 40 KM jalana pungkal 
>  pengkol... anu lempengna pangpanjangna mung 100 m tos mengkol deui
>  Bras ka Pamengpeuk.. ti kawitan ku Kantor TELKOM, teras 
>  panginepan... teras pengkolan ka Cibalong (jalan ka SANCANG) teras 
>  pasar pameungpeuk.
>  Teras ka beh kulon km 5 ... simpangan LAPAN/SANTOLO....- karang 
>  papak.... 
>  Tah lebah dieu kuring pernah nguseup... dia lungkeun ti sisi... 
>  bandulna baud roda treuk, senarna ... siga senar raket tenis....
>  Salah saurang warga dina nembongkeun sukuna anu raca genep beulitan 
>  siga urut ditorehan ku silet, etateh kajiret ku senar basa keur 
>  nataran lauk "pari" malahanmah manehna kasered ampir kabawa kalaut.. 
>  nya ditulungan ku babaturananan... lauk pari teh aka angkat.... 
>  beuratna 60 Kg.
>  Km 12 ti Pameungpeuk Kacamatan Cikelet....
>  Tah didinya tukang bubut kai jati ... produkna sarupaning bubutan 
>  (sanes bubututan) kai jati kayaning asbak, pot, tempat payung. jrrd.
>  Lian ti eta, tina bahan akar kai jati didamel korsi... meja jrrd....
>  Pokonamah upami tos dugi ka Cikelet sok horem balik deui.....
>  
>  Cag ah.....aya hanca....
>  
>  Wassalam
>  
>  
>  Mamatarachmat ex jajakakakapaksa
>  
>  
>  
>  
>  
>  
> 
>  Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>  
> 
>  
>  ________________________________
>  Yahoo! Groups Links
>  
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke