Wilujeng dinten Salasa MAng Mamat..heuheuheu..
hatur nuhun pisan ah geuningan tah mani jentre..
muhun palay yeuh duka iraha tiasa kalaksanakeun, da geuningan nyekar ka
makam sepuhna pun bapak oge arang langka pisan..
muhun ka kampung Pasir di Samarang..

Hatur nuhun ah...

Salam baktos,

����p Wahyu


-----Original Message-----
From: Mamat rachmat [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Monday, January 17, 2005 8:41 AM
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] Leuweung Tiis atawa Gunung Gelap ????




Asanamah sanes leuweung tiis..... etamah gunung gelap.....
Ari leuweuh tiis ayana antawis leles sareng warung peuteuy... 
upami ti bandung-nagreg-kadungora-leles-"leuweung tiis"-warung 
peuteuy-tarogong-garut.
 
Tah upami gunung gelap ayana antawis cikajang-pamengpeuk ayana i KM 
34 ti Garut......
Tah di Gunung gelap aya "Lestoran" di lembur Cihideung....anu 
sambelna raos.... pisan..
di Lestoran eta tuangeun ngampar dina meja kantung nyandakan.... tos 
beres tuang kantun mayar di kasir "bentangna" di eta Lestoran...
Eta kasir teh putrana anu gaduh lestoran... rambutna di "KREULLL"
Rada kayungyun ku eta lestoran... katuangeunana kumplit kayaning ... 
pais lauk, pais hayam, goreng lauk, goreng hayam, goreng jengkol, 
goreng peuteuy, lalab sambel... pangaosna mirah pisan... tuang 
sahabekna oge paling mung seep genep rewu..... 
kanggo bandingan... cai kopi susu kentel teu nganggo gula mung srewu 
dua ratus....
3 Km ti eta tempat aya curug... namina ......"teuing poho deui"... 
teras ka kidulkeun sakedik, mendak jalan rada datar... 
pungkal-pengkol mapay walungan anu caina herang...
kantos abdi ngahajakeun nyimpang terus mandi di eta walungan... aduh 
seeeeegeeeeerrrrrrrrrr pisan, nga anu langkung seger... aya anu rada 
caang milu mandi ..
Harita teh wanci kasorenakeun.. seueur oge urang lembur dinya anu 
madi di walungan... kacipta keneh marake samping ... gebrus madi.....
Beh kidulna aya pabrik enteh ....tah lebah dinya seueur anu icalan 
kadu sisi jalan... 
haritamah ... (1992).. kadu anu ragrag tina tangkal mung sarewu lima 
ratus.
terus ka beh kidul kinten-kinten 27 Km deu ka Pameungpeuk... laut 
kidul tos ngawitan katembong ti luhur pasir...
jalan antawis Cikajang-Pamengpeuk 59 KM, anu 40 KM jalana pungkal 
pengkol... anu lempengna pangpanjangna mung 100 m tos mengkol deui
Bras ka Pamengpeuk.. ti kawitan ku Kantor TELKOM, teras 
panginepan... teras pengkolan ka Cibalong (jalan ka SANCANG) teras 
pasar pameungpeuk.
Teras ka beh kulon km 5 ... simpangan LAPAN/SANTOLO....- karang 
papak.... 
Tah lebah dieu kuring pernah nguseup... dia lungkeun ti sisi... 
bandulna baud roda treuk, senarna ... siga senar raket tenis....
Salah saurang warga dina nembongkeun sukuna anu raca genep beulitan 
siga urut ditorehan ku silet, etateh kajiret ku senar basa keur 
nataran lauk "pari" malahanmah manehna kasered ampir kabawa kalaut.. 
nya ditulungan ku babaturananan... lauk pari teh aka angkat.... 
beuratna 60 Kg.
Km 12 ti Pameungpeuk Kacamatan Cikelet....
Tah didinya tukang bubut kai jati ... produkna sarupaning bubutan 
(sanes bubututan) kai jati kayaning asbak, pot, tempat payung. jrrd.
Lian ti eta, tina bahan akar kai jati didamel korsi... meja jrrd....
Pokonamah upami tos dugi ka Cikelet sok horem balik deui.....
 
Cag ah.....aya hanca....
 
Wassalam
 
 
Mamatarachmat ex jajakakakapaksa


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke