Ass. Wr. Wb. Kang manAR, oge para wargi sadaya, manawi aya nu uninga, dimana aya pandai nu tiasa ngadamel kujang ? Sim kuring gaduh pelat waja spesifikasi SCr440H as rolled ukuran 7,2 X 100 X 200 mm, manawi tiasa didamel kujang.
tansah, ZAM ----- Original Message ----- From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, January 18, 2005 9:39 AM Subject: [Urang Sunda] Kujang vs Keris di Tatar Sunda > > > Ti heula teh aya nalek soal kujang jeung keris dina budaya Sunda. > Mangga ieu kahaturkeun aya seratan ngeunaan kujang di kisunda: > http://www.sundanet.com/artikel.php?id=231 > > Eusi tulisan teh ngandelan carita lisan sepuh ti Panaruban. Yen > cenah kujang teh asal muasalna mangrupa pakakas pangleler ti raja ka > rahayatna anu ngabogaan jasa ka karajaan/nagara. Nya upama ayeuna > mah sarupa hadiah "upakarti" atawa "kalpataru" tea anu dilelerkeun > ku pamarentah ka anggota masyarakat anu boga saja dina widang > ekonomi/industri jeung lingkungan. > > Ari keris, masih ceuk carita sepuh anu di luhur, cenah aslina teh > pakarang komara karajaan Sunda. Nya tangtu anu mimiti nyieun na teh > Urang Sunda. Ngan sanggeus perang bubat, sawaktu keris Nagasasra > awewena karebut ku Gajah Mada, nya urang wetan teh nariron nyarieun > keris sarupa Nagasasra. Sakumaha dina beja ti heula, bisa bae nyieun > keris teh dikhususkeun keur urang Jawa bae, tepi ka di Sunda budaya > (nyieun) keris ilang. > > Dina salah sahiji buku ngeunaan keris, tulisan salah saurang seler > karaton Solo-Yogya, disebutkeun, yen keris Nagasasra mimiti dijieun > Jaman Pajajaran, mangsa rajana Ciungwanara. Ieu informasi teh rada > salah dina lebah Pajajaran anu heunteu acan ngadeg dina jaman > Ciungwanara. Ngan upama Ciungwanara anu jadi patokan, keris teh > geuningan geus aya di budaya Sunda ti mimiti abad 7-8 M. > > Aya anu nguatkeun kacindekan di luhur. Kahiji, motif hiasan naga > dina keris Nagasasra, aya bungkeuleukan 3 dimensina, nyaeta di > lawang (gapura) pajaratan Nusa Pakel, Situ Lengkong Panjalu. Anu > kantos zaroh ka makom Sanghiyang Wastukancana di Situ Lengkong, > Panjalu, tangtu kungsi mireungeuh patung naga sapasang dina luhureun > gapura ka eta pajaratan, kenca katuhu. > > Kadua, dina mangsa Raja Ciungwanara, memang mimiti digunakeun > kecap "naga" dina ngaran tokoh atawa pakakas tug tepi ka sababaraha > waktu kadieunakeun. Upamana, ambuna Ciungwanara teh katelah > Naganingrum tea. Tuluy aya oge jenengan raja teureuh Panjalu anu > katelah Nagaruncing. Ngaran anu akhir oge jadi ngaran hiji keris > (ramana salah sawios anggota Kusnet mibanda eta keris). > > Katiluna, upamana ngilikan bungkeuleukan (foto-foto) keris anu > disebut Nagasasra dina buku ngeunaan keris anu disebut di luhur > (Nogososro), tetelah jauh pisan kaendahanana jeung kaproporsialanana > antara keris Nagasasra versi Sunda jeung keris Nogososro versi > wetan. Anu di Sunda, sakumaha bisa kasaksian salah sahiji versi > Nagasasra anu aya di sepuh di Panaruban (keris lalakina), kacida > proporsialna. Boh wangun naga ti mimiti hulu tepi ka sukuna atawa > hiasan sejenna jeung sarangkana. Anu ti wetan mah umumna teu > proporsial. Aya anu lintuh teuing beuteungna, atawa teu ngarupa dina > huluna, jst dina lebah wangun hiasan nagana teh. > > Kaopat, dina hiji waktu, nyoreang Presiden Gus Dur arek turun tina > korsi kapresiden, hiji tabloid ibukota mintonkeun foto Gus Dur keur > nyekel keris. Eta keris diakuna salaku keris Nogososro. Tapi, > nyakitu, jauh pisan bedana atawa kaendahan jeung kaproporsionalanana > eta keris anu diaku ku Gus Dur salaku Nogososro jeung keris salah > sahiji keris Nagasasra anu aya di salah saurang sepuh US di Tatar > Sunda. Nyatana di sepuh anu di Panaruban tea. Ka kadang wargi anu > aya maksud hoyong ningali salah sahiji keris Nagasasra versi Sunda, > mangga Insya Alloh si kuring tiasa nganteur. Ka Panaruban tea, > sakalian ningalian curug Cimuja, Curug Karembong, jsb di eta > wewengkon anu relatif masih asri. > > Baktos, > manAR > > > > > > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > Yahoo! Groups Links > > > > > > > > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today! http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

