SCr440H teh kagolong kana waja nu tiasa diteuaskeun atanapi hardenable
steel. Ngandung karbon dugi ka 0,4% sarta nganggo bahan imbuh kromium dugi
ka 1%. Ieu waja umumna diangge bahan baku onderdil nu teuas-teuas, kayaning
roda gigi, gear, sst.
Taun kamari sim kuring nyobi-nyobi ieu waja janten target tembak M16 sareng
SS1 kanggo bahan panalungtikan tiasa henteuna ieu waja dianggo kendaraan
tahan peluru (panzer).  Alhamdulillah teu teurak.
Pelat waja as rolled (kumaha ayana hasil proses rolling) teu teuas teu sing,
kumaha bae waja-waja anu sanesna, janten masih gampil dibentuk janten
pakakas atanapi onderdil. Saparantos ngawujud pakakas, kedah diproses deui
supados mibanda sifat nu luyu sareng kagunaan pakakas. Umumna pakakas
sapertos pakarang kedah mibanda dua sifat nu patojaiyah : teuas sareng liat.
Biasana nu teuas sok regas, nu liat sok hipu. Tah, dina elmu metalurgi aya
proses rekayasa nu disebat "quenching-tempering" nu tiasa ngahasilkeun waja
nu di sagedengeun teuas oge liat.
Hasil proses quenching-tempering gumantung kana jenis wajana. Waja-waja nu
kalebet golongan "hardenable steel" sapertos SCr440H tiasa mibanda kateuasan
dugi ka 50 HRC (Rockwel C).

Kang manAR,
Waja sareng beusi (ferrous material) geuningan mibanda kabeungharan sifat.
Numutkeun wartos, Urang Jepang parantos ngaropea waja nu mibanda sifat hipu
tur elastis sapertos karet nu disebat "shape memory steel". Ieu waja tiasa
dianggo bahan (punten) calan jero sareng BH !. Aya deui waja nu kacida
teuasna mapakan inten nu disebat waja Hadfield. Ku urang Eropa mah ieu waja
dianggo sarigsig panjara, supados teu tiasa diragaji. Janten upami nganggo
skala Mohs mah kateuasan waja teh tiasa ti angka 1 dugi ka 10. Hipu alah
batan talk, teuas nyaruaan inten. Rupina ieu salah sahiji rahasia naon
margina di Al-Qur'an ayang Surat al-Hadid, Surat Beusi / Waja.

Cag ah,

ZAM




----- Original Message ----- 
From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, January 18, 2005 10:48 AM
Subject: Dimana aya pandai kujang? =>Re: [Urang Sunda] Kujang vs Keris di
Tatar Sunda


>
>
> Wa'alaikum salam wr wb.,
>
> Wah........enyaan ieu mah juragan baja (tambaga?) teh. Hanjakal si
> kuring teu apal tempat pandai beusi di TS teh anu bisa nyieun kujang
> tina baja teh. Tapi, hamo salempang, geuningan aya wargi anu uninga.
>
> Cikan Kang, tiasa ngadadarkeun perkawis baja, naon maksudna
> spesifikasi SCr440H teh, kawuwuh akang mah manukna dina hal eta?
> Lumayan seja mulungan pangaweruh. Diantos Kang.
>
> Baktos,
> manAR
> --- In [email protected], "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Ass. Wr. Wb.
> > Kang manAR, oge para wargi sadaya, manawi aya nu uninga, dimana
> aya pandai
> > nu tiasa ngadamel kujang ?
> > Sim kuring gaduh pelat waja spesifikasi SCr440H as rolled ukuran
> 7,2 X 100 X
> > 200 mm, manawi tiasa didamel kujang.
> >
> > tansah,
> > ZAM
> >
> >
> > ----- Original Message ----- 
> > From: "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
> > To: <[email protected]>
> > Sent: Tuesday, January 18, 2005 9:39 AM
> > Subject: [Urang Sunda] Kujang vs Keris di Tatar Sunda
> >
> >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
> > >
> > > Yahoo! Groups Links
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
> > >
>
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
> Yahoo! Groups Links
>
>
>
>
>
>
>
>



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke