Ari nyebat KUJANG teh kuring mah sok asa ras, kana pangalaman katukang.
Aya 4 taunna kuring teh gawe di lembur Bojongmanik, hiji kacamatan anu ngan sababaraha kilometer ti baduy jero alias kanekes tea. Atuh geus lain aneh deui, sagulung sagalang jeung urang baduy mah. Da maranehna sok remen datang ka Bojongmanik, ngadon moro lalay di sakola-sakola SD atawa SMP.
Ku sabab mindeng papanggih jeung maranehna, nya akhirna jadi wanoh ka si Asnar. Cenah ceuk babaturanana manehna teh anak jaro atawa puun di Cikeusikna teh.
Kuring hiji waktu ngawanikeun maneh, mesen KUJANG kamanehna. Nya manehna nyaluyuan paling lila tilu poe cenah bakal balik deui ka bojong manik bari mawa pesenan kujang kuring.
Kuring geus kumerot, hayang geura isuk. Da geus teu sabar hayang boga KUJANG anu tegesna kuring teh ka obsesi hayang boga ti baheula.
Dina poe anu geus dijangjikeun si Asnar, enya we datang deui. Srog manehna nyampeurkeun ka kurin anu keur ngajar di kelas. Najan Baduy oge, si Asnar mah sok salam, ngan kukuring mah tara di jawab da cenah Islamna manehna mah Islam wiwitan. Sahadatna oge beda jeung urang. Sanggeus ngobrol sakeudeung, song manehna ngasongkeun barang pesenan kuring. "Ieu KUJANG pesenan bapak tea!"
Gebeg, kuring ngagebeg kacida....olohok ngembang kadu!
Teu rek kitu kumaha, anu diasongkeun kumanehna jauh beda jeun bayangan kujang anu dilamunkeun beurang jeung peuting.
Sabab anu diasongkeun kumanehna teh lain, kujangna KUJANG siga dina gambar anu kamari. Tapi, manehna ngasongkeun pakakas paranti ngarit!!!! Bleg we eta mah ARIT !
Tapi kuring teu wani nolak, da karunya ka manehna anu geus jauh2 leumpang ti lemburna ngadon rek nganteurkeun anu ceuk manehna KUJANG tea padahal ceuk kuring mah ARIT!
Tah, kitu Kang punten upami aya KUJANG anu saleresna KUJANG sim kuring bade mesen !
Omat nya kang,
deny
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Zaenal,
Biasana wargi Kusnet mah sok solider, komo kanu aya
hubunganana sareng karuhun mah.
Ari ceuk kuring mah, enggal wae eta urang Sukabumi teh
"dikontak", tiasa ngadamel kujang heunteu (sanes
kijang). Pasti baraya Kusnet bade pesen. Pan upami
ngadamelna seueur mah pangaosna oge rada lumayan mirah
meureun.
Kuring bade ngiringan pesen dua, mun pangaosna 50
rebu/kujang.
baktos,
mrachmatrawyani
--- "Z.A. Muslim" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Tadi si kuring nga-print gambar kujang ti
> www.cimande.com, info ti Jalak Banten tea. Eta
> gambar dibabawa ka kantin. Aya babaturan nu mere
> komentar kieu: gambar kujang teh aya nu kurang, di
> antara dua pangadekna euweuh ruruhit. Nu bener mah
> kujang ngabogaan ruruhit si capit hurang. (Kuring
> jadi inget kana pedang dzulfiqor, lamun teu salah
> pernah dibahas di ieu milis sawatara taun katukang).
> Panasaran ku kanyaho babaturan kana hal ihwal
> kujang, sim kuring tetelepek ka manehna, ti mana
> nyaho perkara kujang. Sihoreng babaturan teh pituin
> urang Sukabumi, deukeut Cisaat pisan. Puguh asa
> ditonjok congcot.
> Ngan jadi henteuna mah ngengken nyieun kujang ka
> Cisaat, kumaha engke bae. Gumantung
> kana........................waragadna !
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
http://info.mail.yahoo.com/mail_250
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

