|
Pasosore balik gawe, luak-lieuk teu manggih batur. Srog ka warung kopi di Bandara Juanda,
pikiran teh itung-itung reureuh da indung na budak keur ulin ka ua
na, menta dijemput na engke
rada peuting cenah. Kusiwel ngaluarkeun buku
“sura seuri siga sero” kaluaran mailis kusnet. Eta buku teh eusina ringkesan humor sunda anu sering
diposting di milis komunitas urang sunda di
internet. Biwir teh kuam-keom da kabawakeun ku
eusi buku humor tea. Teu karasa kopi ge geus meh tiis. Barang
ngalieuk ka gigir, ari gebeg teh
reuwas da sing horeng korsi
gigireun geus dieusian ku budak
ngora “Dari Bandung
ya kang?” ceuk budak teh
nanya ka kuring. “iyah.” tembal
kuring pondok. “Saya
juga lulusan universitas di Pelenyun udud, da sungut
geus haseum ti tadi nyuruput
kopi Di sidik-sidik budak teh kira-kira umur
28 taunan pakolot-kolot supa lah jeung
mang Jamal mah. Buukna cepak rancung model budak jaman ayeuna.
“Saya dulu tinggal di Jatinagor,
wah sangat berkesan di Ngadenge Jatinangor, kuring jadi curinghak, da rumasa Jatinangor
mah geus teu bireuk deui
keur kuring mah. Dumeh sakola di paguron luhur teh
nya di Jatinangor.
Saterusna mah uplek weh
ngawangkong ngaler ngidul jeung eta
budak teh. Ringkesna mah eta budak
lulusan salah sahiji PTS di Jatinangor
(moal disebut keun persisna mah). Keur uplek ngawangkong, kurulung HP kuring disada. Teu katempo nomer sabaraha
nu nelepon teh da monitorna
keur rusak geus dua poe, jadi ngagebleg hideung weh monitor kasebelan teh. Singhoreng telepon ti dealer HP anu mere inpormasi yen HP kuring geus katinggaleun
jaman jadi spare parts monitorna teu bisa
diganti, wal hasil eta HP teh
teu bisa di omean. Mentegeg
hate teh narima inpormasi kitu, tuluy nelepon ka kantor sugan
aya keneh jelema rek menta
tulung pang mawakeun HP serep kantor saheulaanan
rek di injeum,
da kantor teh masih di
wewengkon Bandara Juanda. Weleh euweuh
nu ngangkat, sigana geus baralik
kabeh. “Haram jadol…..” cekeng teh “Haram
jadol itu apa artinya kang?”
ceuk eta budak nanya ka kuring. “ “Sudah
lama sih iya, tapi kata “haram jadol” itu baru denger
sekarang.” “Haram
jadol itu artinya “kamu mengagetkan saya”. Cekeng teh, da era atuh
disebut jelema barangasan mah. Geus kitu mah pogot deui kana buku bacaan. Sungut kunyam kenyom
nahan seuri ngabandungan humor dina
buku tea. Teu karasa wanci geus nyerelek kamagrib,
tuluy menta bon ka pelayan rek mayar
kopi jeung lalawuhna. Ari direret korsi gigireun
geus kosong. “Dasar bedul siah,
indit teu basa-basi” gerentes hate. Sanggeus mayar kopi, ras inget ka jangji rek ngajemput indungna
budak. Poho deui jam sabaraha tadi menta dijemputna
teh. Uyup-ayap kana pesak neangan
HP rek nelepon indungna budak, weleh teu karampa.
Ulak ilik kana meja. Euweuh didinya oge. Na kamana HP kasebelan
teh. Ras inget ka budak anu tadi, palang
siang sigana dipaling meureun. Ulak ilik neangan budak
tadi sugan kapanggih, tapi lebeng. Karek oge cetrek mukakeun
konci panto kantor, kadenge
telepon kantor ngirining. Tuluy diangkat, “halo……” cekeng teh. “Ini akang yah…” ceuk sora dina telepon. Gebeg teh langsung apal
kana sora eta jelema teh, sidik
sora budak anu tadi. Nyel we ambek, karek oge arek
ngagantawang nyarekan, budak teh kaburu
nanya dina
telepon. “Kang kalo ngidupin monitor HP ini gimana caranya?” Da eta mah saharita ambek teh ngadadak leler,
jadi hayang seuri anu aya. Tapi anger ari mentegeg mah masih
aya keneh. “Itu
artinya “kamu mengagetkan sayah” Tah kitu para pamiarsa
sadaya pangalaman kuring nepika ayeuna
boga HP anu “aptudet” “nyurilis”
“limitid edision”. Wassalam, Sobar di Surabaya. Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul.......... Sobar Hidayat
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul..... Dhanny Kurnia
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul..... Icho
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul..... Ikmal
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul..... asep juarna
- RE: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul..... Cecep Wahyu
- RE: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bedul..... THR-Tunas Haryanto
- Re: [Urang Sunda] [unpad_faperta] Dasar si Bed... Mamat rachmat

