ua sas kuring pesen hiji. upama teu aya, fotocopyna
we. insya ALLAH engke bade nyimpang ka margawangi.
upama tiasa, hoyong tiasa kacandak antara kaping 22-25
jauari.

nuhun,
mh

--- MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

>   Kamari hujan ngagebret ti sore keneh, kitu deui
> dina ninggang waktu balik,
> hujan masih keneh, sigana didagoan raat mah matak
> kesel, kuring maksakeun
> balik.
>   Peutingna aya dua acara nu kudu didatangan, kahiji
> mah manggihan incu nu
> anyar disunatan atuh kaduana apan hayang ningali
> acara PABARU SUNDA di
> Pendopo Jl Dalem Kaum Bandung.
>   Eta dua acara teh alhamdulillah kalakonan,
> ngalongok incu nu anyar
> disunatan jeung ningali acara Pabaru Sunda.
> 
>   Mimiti ngadenge incu rek disunatan teh poe Radite
> per telepon ti bapana,
> cenah budak teh rek disunatan poe Anggara pasusubuh,
> kuring rada ngarenjag
> naha geuning kudu subuh sagala, nu inget teh jaman
> baheula, mun aya budak
> rek disunatan sok dititah ngeueum heula dibalong
> isuk isuk, ambih baal, tapi
> da jaman ayeuna geus aya dokter nu leuwih nyaho,
> apan obat baal ge loba.
>   Ari ceuk katerangan bapana mah rek disunatanana
> teh di Jl Sukarno-Hatta
> (kuring teu pati nyaho lebah-lebahna), eta bengkong
> teh geus kawentar kacida
> maherna, da budak anu disunatan teh sok langsung
> dicalana tara kungsi
> ngagetih heula.
>   Enya we barang didatangan ka panganjrekanana,
> budak teh keur tetelendenan,
> ulin, bari jeung dicalana sabiasana, malah bangorna
> ge angger, teu kaciri
> siga anyar disunatan, atuh bapana sugemaeun, nu
> tadina rada salempangeun teh
> geus ilang.
>   Ceuk carita bapana datang ka tempat bengkong teh
> jam 3 peuting, ngantri
> sok sanajan geus meunang nomer, da geus daftar
> tianggalna, ti pisaminggueun
> mula.
>   Soleh budak teh asup ka rohangan ge teu kudu
> dianteur ku sasaha, nurut we
> ka anu ngageroanana, teu lila budak teh geus kaluar
> deui bari nyerengeh
> seuri ngagigiwing kantong keresek plastik nu dieusi
> ubar. Alhamdulillah
> budak geus beresih.
>   Ngadenge dongeng bapana teh kuring ukur gogodeg,
> aya kituna nya "elmu"
> teh. Sanggeus nyecep mah kuring terus mulang,
> sanajan geus jam 9 peuting
> kuring rek terus ka Pendopo.
> 
>   Nepi ka Pendopo teh kurang leuwih geus tabuh
> 9.30,-, enya we rame kacida,
> barang datang kadinay teh Pa Ali Sastrmijaya keur
> presentasi, teu bisa
> ngabandungan kalawan gemet da hese rek asup ka
> rohangan teh, geus pinuh,
> atuh ngan ukur nangtung di tukang bari rurat reret
> ningalian tempat lelang
> kalenderna.
>   Katingali sareretan tatamu nu datang teh loba
> inohong, kayaning Pa Nano.S,
> Godi Suwarna, Ceu Aam Amilia, tangtuna pejabat
> pamarentahan ge aya.
>   Kuring teu kaburu nulis-nulis acan dina buku tamu,
> da konsntrasi teh
> neangan kalenderna, untung we bisa ngadeukeutan
> tempatna, barang rek meuli
> teh cenah can waka dijual da ngadagoan rengse
> presentasi Pa Ali.
>   Resep ngadengekeun gunem catur antara nu nanya
> jeung nu ngajawab, palebah
> aya nu nanya waktu mimiti poe Kala Sunda wayah
> kumaha, saperti taun masehi
> mah ganti poe teh mimitina tengah peuting, taun
> hijriah mah waktu subuh,
> kala sunda wayah kumaha..?, kuring ngadedempes
> ngadagoan jawabanana, ngan
> hanjakal nu ngajual kalender teh prung dimimitian,
> atuh nyamos teu kadenge
> jawaban Pa Ali, da kuring buru buru ngantri, sieun
> beakeun, lantaran ningali
> hunyudan kalender teh siga saeutik.
>   Alhamdulillah meunang.
>   Hargana salawe rebu, pangdeudeul lima rebu jumlah
> jamleh sakalender teh
> tilu puluh rebu rupia, kuring ngan ukur meuli lima,
> da teu mawa duit leuwih.
>   Ari ningali dina brosur mah dicitak munggaran 1000
> expl, lamun payu, rek
> nyitak deui sapuluh rebu expl, tapi nu meuli harita
> nu kadenge teu nginjeum
> ceuli, sigana Ibu Tien Rostini ( Ibu Ageung ) rek
> meuli 100 exmpl, nu matak
> kuring nyedek sieun teu kabagean.
> 
>   Kalender teh citakanana alus, aya 14 lambar, 12
> lambar inti, jeung dua
> lambar bubuka.
>   Bulan ka 1 disebut Kartika, ka 2 Margasira, ka 3
> Posya, ka 4 Maga, ka 5
> Palguna, ka 6 Setra, ka 7 Wesaka, ka 8 Yesta, ka 9
> Asada, ka 10 Srawana, ka
> 11 Badra, ka 12 Asuji.
> 
>   Minggu = Radite, Senen = Soma, Salasa = Anggara,
> Rebo= Buda, Kemis =
> Respati, Jumaah = Sukra, Saptu = Tumpek.
> 
>   sakitu heula...!
> 
>   MSasmita
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 
> 


=====
bibit: http://free.angeltowns.com/studio579/
hanca: http://www.geocities.com/hasangarut/


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
The all-new My Yahoo! - Get yours free! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke