Kang Yayan pernah ulin ka Garut teu? Di Garut, utamana di wewengkon
kotana, aya jalan-jalan nu dingaranan jalma2 nu (meureun) aya dina
sajarah Tatar Sunda, utamana nu patali jeung wewengkon Garut, kayaning
Rangga Lawe, Panji Wulung, Siliwangi, jeung Kiansantang. Oge bale
paminton nu dingaranan "Inten Dewata". Loba di antara ngaran2 eta nu
kapanggih dina wawacan atawa carita sasakala, nu meureun bener
henteuna eta carita perlu deui diverifikasi/dibuktikeun. Mun teu bisa
kabuktikeun, jigana teu salah mun Garut disebut Nagri Dongeng... hehe

Ngeunaan jujuluk Kota Intan jeung Inten Dewata jigana teu aya
patalina. Nu kahiji mah mun teu salah jujuluk nu dipasihkeun ka Kota
Garut salaku ringkesan tina "INdah Tertib Aman dan Nyaman", ari nu
hiji deui mah sakumaha nu kacatru dina carita Gunung Guntur...


On Wed, 19 Jan 2005 04:33:48 +0000 (GMT), Yayan Mulyana
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>  
> Sajarah sok pabeulit ku Lagenda, Babad , sareng Mitos. 
> Mun urang naratas kasajarah sunda, kunaon sok pabeulit jeung legenda,babad,
> atawa mitos. Hal ieu teh kusabab seur panafsiran sajarah sareng kirang na
> manuscript-manuscript kasajarahan nu utamina mah tatar Sunda. Sapertos nu
> aya di bogor, contona batu tulis. Tah tinu batu tulis teh didinya aya
> seratan ngeunaan rasa hormatna ti anak ka bapa nyaeta Surawisesa ti abad ka
> 18. Batu tulis teh teu tela isina teh ngeunaan kamakmuran pajajaran keur di
> pimpin ku Sri Baduga Maharaja. Tah  eta tulisan teh apanan diserat tinu batu
> anu teuas, ceuk sawatara jelema mah eta seratan teh ditulisna make elmu,
> saking ku sakti-saktina jelema jaman baheula. Teras di payuneun batu tulis
> aya tapak suku nu beulah katuhu, cek sawatara jelema oge eta tapak teh
> dijieun ku jelma nu sakti. Tah saur Pak Inochi Hayatullah, ahli tinu widang
> kapustakaan LIPI basa ngobrol sareng anjuenna, sadaya eta cariosan teh
> leupat. Da kapungkur teh tos aya rahayat nu palalinter malihan tos aya nu
> disakolakeun dugi ka India, tah eta seuratan teh nganggo metode duka kumaha
> carana, lajeung ngeunaan tapak suku dipayunen batu tulis na oge nandakeun
> eta teh mun ceuk urang tea mah tanda-tangan. Tah ngeunaan batu tulis saur
> kuncen nujagana teh sok aya jelema anu hoyong naek pangkat sok jol kadinya
> bari nyeupeungan batu lingga, ceuk sawatara jaleuma mah saha anu bisa
> nyeupengan eta lingga bakal naek pangkatna (naha urang percaya kanu hal
> kitu). 

-- 
sikandar


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke