Kang Oeking (punten dicalukan ku sandi namina bae),
 
Hampura, puguh ge geus 2 poe ieu sirah rada balideg, awak asa pasiksak, siga anu arek keuna flu. Tapi, Alhamdulillah, ayeuna geus rada tangginas deui, bisa ngarampaan keyboard.
 
Muhun Kang, ti payun si kuring kungsi ngabageakeun akang sakalian wawanohan. Manawi teu pareng kaparios e-mailna, heunteu sawios, mugi heunteu janten alit manah.
 
Mangga Kang, hiji waktos urang amengan ka Panaruban (urang ningalian salah sahiji versi Nagasasra tea), oge upami aya waktos, urang nganjang oge ka Sumedang, ngalongok Nagaruncing tea (anu gaduhna sepuh anggota milist di dieu, ke urang japrikeun geura namina).
 
Leres, ceuk ahlina, ceuk beja, pakarang anu sae mah cenah sanes logam "tempaan", tapi jleg ngajadi sabeuleugeunjeurna, tapi ......rada susah asup akal carana teh upama kitu mah modusna. Keun bae, tunda heula di hanjuang siang, teundeun di handeuleum sieum, gunemcaturkeuneun engke upama pareng ngeunaan hal eta mah.
 
Sareng rengrengan anu ti Ciparay, kamari kungsi tepung saliwatan di pendopo kotamadya Jl. Dalem Kaum, dina raraga pabaruan (peluncuran kalender Sunda). Hampura, laporan ngeunaan pabaruan teu acan tiasa kapintonkeun dina milist, ke manawi minggon payun, sugan pareng. Anu jelas, ceuk kalender Caka Sunda, poe ieu ayeuna teh nya poe Respati (Kemis), tanggal 3 paro caang (suklapaksa), bulan Kartika, Taun 1941 (sistem  Candra Kala) tea.
 
Salah sahiji syarat anu disebut wangsit teh nyaeta ....sumberna tara ditulis tea (bingung pan?). Sabab, upama ditulis mah engkena jadi moal katurut salaku wangsit. Nya ari sumber anu nyutat mimiti atawa anu mimiti nyalabarkeun mah bisa bae dicatet atawa kasebutkeun. Upamana, Wangsit "Anu Pundung Balik ka Cikapundung" eta teh satemenna ciptaan inohong Sunda beh dieu, malah jalmina oge aya dikieuna pisan. Eta wangsit kapungkurna aya dina lebet seratan anjeunna dina hiji karya sastra. Ku anjeunna dina eta karya sastra teu disebatkeun ciptaan anjeunna, tapi dileleran salaku nami eta wangsit.
 
Pon kitu deui, anu mashur salaku "Uga Wangsit Siliwangi", heunteu pati jelas sumber mimitina. Dina naskah anu ku kuring diserat ulang tuluy kungsi diposting di milist ngeunaan eta wangsit, ukur diseratkeun kieu minangka titimangsana: "Senen pon 10 Februari 1986, 30 J. Awal 1405, diturun tina turunan" (tangtuna oge ieu titimangsa teh teu make kalender Sunda karya Abah Ali tea).
 
Si kuring sorangan mimiti nyutat eta wangsit tina peperenian bogana sepuh tea di Panaruban. Anu sejen tangtu boga sumber sejen dina nurunkeun eta wangsit teh.  Sok sanajan kitu, eusi ning anu disebut Uga Wangsit Siliwangi teh kabeh akur, teu aya anu beda. Dina bedana teh paling-paling dina bubukana. Kanggo Uga Wangsit Siliwangi anu lengkep jeung bubukana mangrupa pantun, mangga buka bae: http://wikisource.org/wiki/Uga_Wangsit_Siliwangi.
 
Rupina sakitu heula. Cag.
 
Baktosna,
manAR
 
 
.                                              
 


Asep Dedi Suhendra <[EMAIL PROTECTED]> wrote:


-Kang Oman...,langkung tipayun bade nepangkeun heula bilih hilap
deui abdi wasta Asep Oeking  kawit ti ciwaruga-Bandung sareng... duh
nembean terang abdimah yen urang sundateh kagungan keris oge gening,
manawi teh kerismah kagungan urang wetan bae manawi,... muhun abdi
engke upami tos salse  bade nyuhunkeun dianteur hoyong ninggal eta
keris.

Kang.., rerencangan pun bapak kapercanten kanggo ngariksa sababaraha
jenis kujang saurnamah tilas cecepangan ti pajajaran kapungkur duka
leres duka henteu, abdi parantos ninggal kuanjeun memang benten
pisan tinu senjata sanesna anu kengen nempa, ari kujang ieumah
sapertos besi gelempengan, ngan hilapdeui etateh perak atanapi sanes
ayana diwewengkon ciparay, kaleresan anjeuna tokoh di Gedong
Pasewakan Penghayat Aliran kebhatinan perjalanan.

Sareng abdi aya kapanasaran, manawi kang Oman terang upami Uga
Wangsit siliwangi sumber cetakan anu aslina aya dina buku atanapi
kitab naon...??? punten janten celembeng.


Baktos



Asep Oeking


-- In [email protected], "Oman Abdurahman" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> --- In [email protected], "Oman Abdurahman"
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Ti heula teh aya nalek soal kujang jeung keris dina budaya Sunda.
> Mangga ieu kahaturkeun aya seratan ngeunaan kujang di kisunda:
> http://www.sundanet.com/artikel.php?id=231
>
> Eusi tulisan teh ngandelan carita lisan sepuh ti Panaruban. Yen
> cenah kujang teh asal muasalna mangrupa pakakas pangleler ti raja
ka
> rahayatna anu ngabogaan jasa ka karajaan/nagara. Nya upama ayeuna
> mah sarupa hadiah "upakarti" atawa "kalpataru" tea anu dilelerkeun
> ku pamarentah ka anggota masyarakat anu boga saja dina widang
> ekonomi/industri jeung lingkungan.
>
> Ari keris, masih ceuk carita sepuh anu di luhur, cenah aslina teh
> pakarang komara karajaan Sunda. Nya tangtu anu mimiti nyieun na
teh
> Urang Sunda. Ngan sanggeus perang bubat, sawaktu keris Nagasasra
> awewena karebut ku Gajah Mada, nya urang wetan teh nariron
nyarieun
> keris sarupa Nagasasra. Sakumaha dina beja ti heula, bisa bae
nyieun
> keris teh dikhususkeun keur urang Jawa bae, tepi ka di Sunda
budaya
> (nyieun) keris ilang.
>
> Dina salah sahiji buku ngeunaan keris, tulisan salah saurang seler
> karaton Solo-Yogya, disebutkeun, yen keris Nagasasra mimiti
dijieun
> Jaman Pajajaran, mangsa rajana Ciungwanara. Ieu informasi teh rada
> salah dina lebah Pajajaran anu heunteu acan ngadeg dina jaman
> Ciungwanara. Ngan upama Ciungwanara anu jadi patokan, keris teh
> geuningan geus aya di budaya Sunda ti mimiti abad 7-8 M.
>
> Aya anu nguatkeun kacindekan di luhur. Kahiji, motif hiasan naga
> dina keris Nagasasra, aya bungkeuleukan 3 dimensina, nyaeta di
> lawang (gapura) pajaratan Nusa Pakel, Situ Lengkong Panjalu. Anu
> kantos zaroh ka makom Sanghiyang Wastukancana di Situ Lengkong,
> Panjalu, tangtu kungsi mireungeuh patung naga sapasang dina
luhureun
> gapura ka eta pajaratan, kenca katuhu.
>
> Kadua, dina mangsa Raja Ciungwanara, memang mimiti digunakeun
> kecap "naga" dina ngaran tokoh atawa pakakas tug tepi ka
sababaraha
> waktu kadieunakeun. Upamana, ambuna Ciungwanara teh katelah
> Naganingrum tea. Tuluy aya oge jenengan raja teureuh Panjalu anu
> katelah Nagaruncing. Ngaran anu akhir oge jadi ngaran hiji keris
> (ramana salah sawios anggota Kusnet mibanda eta keris).
>
> Katiluna, upamana ngilikan bungkeuleukan (foto-foto) keris anu
> disebut Nagasasra dina buku ngeunaan keris anu disebut di luhur
> (Nogososro), tetelah jauh pisan kaendahanana jeung
kaproporsialanana
> antara keris Nagasasra versi Sunda jeung keris Nogososro versi
> wetan. Anu di Sunda, sakumaha bisa kasaksian salah sahiji versi
> Nagasasra anu aya di sepuh di Panaruban (keris lalakina), kacida
> proporsialna. Boh wangun naga ti mimiti hulu tepi ka sukuna atawa
> hiasan sejenna jeung sarangkana. Anu ti wetan mah umumna teu
> proporsial. Aya anu lintuh teuing beuteungna, atawa teu ngarupa
dina
> huluna, jst dina lebah wangun hiasan nagana teh.
>
> Kaopat, dina hiji waktu, nyoreang Presiden Gus Dur arek turun tina
> korsi kapresiden, hiji tabloid ibukota mintonkeun foto Gus Dur
keur
> nyekel keris. Eta keris diakuna salaku keris Nogososro. Tapi,
> nyakitu, jauh pisan bedana atawa kaendahan jeung
kaproporsionalanana
> eta keris anu diaku ku Gus Dur salaku Nogososro jeung keris salah
> sahiji keris Nagasasra anu aya di salah saurang sepuh US di Tatar
> Sunda. Nyatana di sepuh anu di Panaruban tea. Ka kadang wargi anu
> aya maksud hoyong ningali salah sahiji keris Nagasasra versi
Sunda,
> mangga Insya Alloh si kuring tiasa nganteur. Ka Panaruban tea,
> sakalian ningalian curug Cimuja, Curug Karembong, jsb di eta
> wewengkon anu relatif masih asri.
>
> Baktos,
> manAR
> --- End forwarded message ---








PENTING..!

attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.

dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.

terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.




Yahoo! Groups Links

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke