LEBARAN HAJI DI MESIR

Dua poe memeh lebaran haji, kuring tos taki-taki.
Geuwat balanja kabutuhan di imah kira-kira opat-lima
poeeun. Sabangsaning kadaharan tiwit beas,
sayur-sayuran, dugi ka bungbuahan. 

Barangbeuli gagancangan teh pedah warung bisi kaburu
narutup. Da kitu geuning di Mesir mah, asal usum
lebaran Idul Adha, toko-toko bakal rehe. Narutup. Keur
sawatara poe, nepi ka ping 13 Dulhijjah. 

Tradisi mudik lebaran haji urang Mesir, leuwih marema
batan lebaran puasa. Poean lebaran Idul Fitri mah,
masih rada rame. Kantor-kantor ge tara lila nutupna.
Oge warung-warung. Paling ge poean lebaran wungkul.
Tapi mun pareng lebaran haji, biasana kaping 14 atawa
15 Dulhijjah nembe maruka deui. 

Kuring sono kana suasana lebaran siga di lembur
baheula, di daerah Sagaranten, 50 km kiduleun kota
Sukabumi. Mun maleman lebaran teh, takbir babarengan
di masigit. Ari kuring harita, jeung barudak ngagotong
bedug ngurilingan lembur, atawa nyampeuran barudak di
masigit sejen. Sora pepetasan atawa karbit ting
jeleger ti unggal lembur. Takbir teh sapeupeuting
kadenge ti unggal masigit. 

Di nagara piramid mah, takbir model kitu kari waasna.
Duka kunaon tah. Meureun urang Mesir mah teu resepeun.
Haleuang takbir kakara kadenge teh jam genep isuk, tos
subuh. Eta oge laguna teh lempeng, teu make itu-ieu
siga di urang. 

Mun giliran meuncit kurban, boh sapi atawa domba,
urang Mesir mah dimana wae tempatna teh. Di sisi jalan
raya ge jadi. Nya memang taneuh di kota Kairo mah
heurin, susunan imah apartemen, teu aya pakaranganana.
Trotoar jalan oge teu jadi sual. Atuh puguh getih teh
ngocor ka jalan raya. 

Ah, sakitu heula wae dulur-dulur...sanes waktos
diteraskeun deui. Insya Allah. 

Selamat Hari Raya Idul Adha 1425 H




=====
"....menjadi tua itu kepastian
menjadi dewasa itu pilihan..."

www.dedepermana.blogspot.com

________________________________________________________________________
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" 
your friends today! Download Messenger Now 
http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke