hehee...punten atuh bilih aya nu ngaraos kabita..
sanaos di nagara Arab, tapi ari sabangsaning lalaukan mah geuning Mesir oge ngagaduhan proyek budidaya ikan tawar.. sanaos teu saseueur Indonesia, tangtos.. Budidaya lauk di Mesir, ngamanfaatkeun wahangan Nil. Janten eta para lauk teh dipiara dina karamba arageung, dipasang di sisian wahangan Nil.. dicangcang tangtosna oge, bilih palid ka hilir, hehe... ngeunaan buah mangah. Di Mesir aya hiji kota, namina Ismailya, nu kawentar seuseur kebon mangah-na. Pami usum mangah teh -biasana musim panas, Juli-Agustus - pangaos mangah marirah. Ngeunaan Ismailiya sabage kota mangah, kantos dimuat ku Gatra, sapertos dina alamat ieu yeuh : http://www.gatra.com/artikel.php?pil=23&id=37179 Numutkeun beja, binih buah mangah di Mesir kawitna mah dicandak Pa Sukarno ti Jakarta. Malihan mah, ayeuna aya keneh kebon mangah nu bibitna ti Pa Karno teh, di daerah Iskandariah, 224 km kuloneun Kairo. Nalika Ibu Presiden Megawati taun 2002 nganjang ka Mesir, anjeuna ngahaja angkat ka kebon mangah eta, sareng rombonganana.. kitu heula ah... dpr --- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Enyaan ieu mah ngabibita teh.....katurug-turug didieu mah banjir. Kela Kang Dede naha aya kitu jaer di Mesir, jaer Mesir atanapi bawa ti TS? Cenah nu ngetop di mesir teh mangga sukarno, eta oge jaer sukarno kitu? > > salam > Jalak Pakuan > "Ngaing rek ngapung lalaunan ka beulah kulon nempo US di Egypt" > > dede preman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > BEULEUM JAER DI KONATIR > > Mun seug nyawang mangsa nu kaalaman dina poe Saptu > kamari, duh.. moal kapopohokeun. Kaendahanana, > nyangcang dina ati, ngancik dina sanubari..Matak > waas..., mun ceuk urang Sukabumi mah, peureum kadeuleu > beunta karasa....(sanes kitu, lodaya..!?) > > Teu rek kitu kumaha atuh dulur, botram raramean di > sisi wahangan Nil, di tengah taman Konatir, dina > kaayaan lapar nu pohara. Sangu pulen, beuleum jaer > baradag, panas keneh, dibalur ku sambel cikur. Lalabna > bonteng atah. Diuk sila nyanghareupan wahangan Nil nu > caina ngampar. Belah katuhu, pamandangan arendah ; > tatangkalan arariuh, jukut nu harejo. Angin nu mawa > rasa seger, karasa pisan, rumayap kana pucuk > tatangkalan nu aya di dinya. > > Sim kuring saparakanca, tiluwelas urang, indit ti > Musadda teh mangsa pecat sawed. Dina hawa tiis nu > nyecep. Maklum, Kairo usum tiris ayeuna teh. Ngahaja > bebekelan rada rea ; jaer atah dalapan kilo, oge > rupa-rupa opieun jeung sabangsaning bubuahan. > > Konatir ti Tahrir,puseur kota Kairo, dijugjug dina > waktu sajam satengah. Eta teh mun naek parahu, > mapay-mapay wahangan. Mun ku beus mah, teu kungsi > satengah jam. > > Tinu tiluwelas urang, lolobana kakara naek parahu > Konatir. "Ieu minangka pangalaman munggaran kangge > abdi mah", ceuk salah sahiji sobat dalit nu make > kupluk beureum, bari ngelepus udud bodas. Oh, paingan > atuh, hate ngagerentes. Da eta geuning, kakara ge > ningali mojang-mojang Mesir jaraplin luhureun parahu, > barudak teh meni marolotot teu ngiceup-ngiceup, > arolohok mata simeuteun. > > Salila luhureun parahu, hawa tiris karasa pisan. Awak > ngahodhod, angin ngagelebug tarik naker. Tapi leuheung > mun di hateup mah, bisa bari moyan, da cahya panonpoe > karasa pisan. Antukna mah, barudak bolak balik, ciling > cingcat kaluhur kahandap. Kuring diuk di handap, > neuteup endahna pamandangan sapanjang wahangan. > Pilemburan urang Mesir di peuntas atra katingali, > najan kahalangan ku ngaplakna cai Nil atawa pakebonan > nu ngampar. Ningali kaendahan model kitu, aya rasa nu > sumarambah dina dada, rasa nu ayem, rasa nu tingtrim. > > Sanajan kitu, kuring teu kamalinaan kukaendahan. Remen > kuring ningalian tumpukan kantong keresek hideung > kolongeun korsi, nu eusina jaer atah tea, bisi leungit > aya nu nyokot... > > Musadda, 15 Syawal 1425 H > > ===== > "....menjadi tua itu kepastian > menjadi dewasa itu pilihan..." > > www.dedepermana.blogspot.com > > ________________________________________________________________________ > Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" > your friends today! Download Messenger Now > http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html > > > > > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id > > > > > --------------------------------- > Yahoo! Groups Links > > To visit your group on the web, go to: > http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ > > To unsubscribe from this group, send an email to: > [EMAIL PROTECTED] > > Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. > > > > --------------------------------- > Do you Yahoo!? > Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

