Atuda kuring mah ngan dahar hayam goreng kentucky.....kumaha oge moal matak ponyo, ieu mah ganjel we. Kadua, nya eta hayang ulin. Ayeuna poe Saptu kalah ka kantor pan apdolna mah botram sisi laut (da di dieu mah geus ewuweuh walungan keur pangreureuhan). Buah mangah? di batawi mah buah teh da laletoy, asak murutul teu rata kulantaran dikarbit tea. Di tukangeun jeung gigireun kantor aya Dapur Sunda oge Saung Kuring, ngan eta sok lalila pisan (beda jeung warnas padang), .....rek dahar kalah ambek-ambekan. Lian ti lalila eta karedok teu meunang make leunca, "kalau mau lenca bapak harus pesan oseng kangkung nanti disitu ada lenca dan oncomnya"....kitu tah ngajawabna teh. Nu rada ngetop ayeuna mah Warung Daun....nasi liwetna ngeunah jeung rada gesit.......tah mun didieu mah pantes mun kusnet jakarta rek barotram.
salam JP
free man <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
hehee...punten atuh bilih aya nu ngaraos kabita..
sanaos di nagara Arab, tapi ari sabangsaning lalaukan mah geuning
Mesir oge ngagaduhan proyek budidaya ikan tawar.. sanaos teu saseueur
Indonesia, tangtos.. Budidaya lauk di Mesir, ngamanfaatkeun wahangan
Nil. Janten eta para lauk teh dipiara dina karamba arageung, dipasang
di sisian wahangan Nil.. dicangcang tangtosna oge, bilih palid ka
hilir, hehe...
ngeunaan buah mangah. Di Mesir aya hiji kota, namina Ismailya, nu
kawentar seuseur kebon mangah-na. Pami usum mangah teh -biasana musim
panas, Juli-Agustus - pangaos mangah marirah.
Ngeunaan Ismailiya sabage kota mangah, kantos dimuat ku Gatra,
sapertos dina alamat ieu yeuh :
http://www.gatra.com/artikel.php?pil=23&id=37179
Numutkeun beja, binih buah mangah di Mesir kawitna mah dicandak Pa
Sukarno ti Jakarta. Malihan mah, ayeuna aya keneh kebon mangah nu
bibitna ti Pa Karno teh, di daerah Iskandariah, 224 km kuloneun Kairo.
Nalika Ibu Presiden Megawati taun 2002 nganjang ka Mesir, anjeuna
ngahaja angkat ka kebon mangah eta, sareng rombonganana..
kitu heula ah...
dpr
--- In [email protected], Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Enyaan ieu mah ngabibita teh.....katurug-turug didieu mah banjir.
Kela Kang Dede naha aya kitu jaer di Mesir, jaer Mesir atanapi bawa ti
TS? Cenah nu ngetop di mesir teh mangga sukarno, eta oge jaer sukarno
kitu?
>
> salam
> Jalak Pakuan
> "Ngaing rek ngapung lalaunan ka beulah kulon nempo US di Egypt"
>
> dede preman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> BEULEUM JAER DI KONATIR
>
> Mun seug nyawang mangsa nu kaalaman dina poe Saptu
> kamari, duh.. moal kapopohokeun. Kaendahanana,
> nyangcang dina ati, ngancik dina sanubari..Matak
> waas..., mun ceuk urang Sukabumi mah, peureum kadeuleu
> beunta karasa....(sanes kitu, lodaya..!?)
>
> Teu rek kitu kumaha atuh dulur, botram raramean di
> sisi wahangan Nil, di tengah taman Konatir, dina
> kaayaan lapar nu pohara. Sangu pulen, beuleum jaer
> baradag, panas keneh, dibalur ku sambel cikur. Lalabna
> bonteng atah. Diuk sila nyanghareupan wahangan Nil nu
> caina ngampar. Belah katuhu, pamandangan arendah ;
> tatangkalan arariuh, jukut nu harejo. Angin nu mawa
> rasa seger, karasa pisan, rumayap kana pucuk
> tatangkalan nu aya di dinya.
>
> Sim kuring saparakanca, tiluwelas urang, indit ti
> Musadda teh mangsa pecat sawed. Dina hawa tiis nu
> nyecep. Maklum, Kairo usum tiris ayeuna teh. Ngahaja
> bebekelan rada rea ; jaer atah dalapan kilo, oge
> rupa-rupa opieun jeung sabangsaning bubuahan.
>
> Konatir ti Tahrir,puseur kota Kairo, dijugjug dina
> waktu sajam satengah. Eta teh mun naek parahu,
> mapay-mapay wahangan. Mun ku beus mah, teu kungsi
> satengah jam.
>
> Tinu tiluwelas urang, lolobana kakara naek parahu
> Konatir. "Ieu minangka pangalaman munggaran kangge
> abdi mah", ceuk salah sahiji sobat dalit nu make
> kupluk beureum, bari ngelepus udud bodas. Oh, paingan
> atuh, hate ngagerentes. Da eta geuning, kakara ge
> ningali mojang-mojang Mesir jaraplin luhureun parahu,
> barudak teh meni marolotot teu ngiceup-ngiceup,
> arolohok mata simeuteun.
>
> Salila luhureun parahu, hawa tiris karasa pisan. Awak
> ngahodhod, angin ngagelebug tarik naker. Tapi leuheung
> mun di hateup mah, bisa bari moyan, da cahya panonpoe
> karasa pisan. Antukna mah, barudak bolak balik, ciling
> cingcat kaluhur kahandap. Kuring diuk di handap,
> neuteup endahna pamandangan sapanjang wahangan.
> Pilemburan urang Mesir di peuntas atra katingali,
> najan kahalangan ku ngaplakna cai Nil atawa pakebonan
> nu ngampar. Ningali kaendahan model kitu, aya rasa nu
> sumarambah dina dada, rasa nu ayem, rasa nu tingtrim.
>
> Sanajan kitu, kuring teu kamalinaan kukaendahan. Remen
> kuring ningalian tumpukan kantong keresek hideung
> kolongeun korsi, nu eusina jaer atah tea, bisi leungit
> aya nu nyokot...
>
> Musadda, 15 Syawal 1425 H
>
> =====
> "....menjadi tua itu kepastian
> menjadi dewasa itu pilihan..."
>
> www.dedepermana.blogspot.com
>
> ________________________________________________________________________
> Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping"
> your friends today! Download Messenger Now
> http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html
>
>
>
>
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
>
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

