Alhamdulillah atuh ari di tempat sanes balalageur mah. Nipu teh eta make 2 modus. Kahiji, api-api teu nampa kupon, ngotot menta daging. Kupona dititipkeun ka batur nu rek ditukeurkeun deukeut-deukeut wates waktuna (ditangtukeun jam 5 sore) jadi pahibut kaayanana. Kadua nyieun kupon palsu. Modus nu kahiji masih keneh aya, nu kadua geus euweuh da mangsi keur ngecap stempel campuran 3 warna jadi hese dipalsukeunana. Kitu tah kajadianana teh.
JP
Dedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Dedi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Salam
Wah mungkin teu sadayana kang Jalak, didaerah sanes
mah balageur siganamah, tapi di daerah abdi kali sari,
seeur anu nampi kupon teh jalmi anu aya, atanapi anu
mampu meser daging 1 kilo langkung mah, janteun sanes
anu peryogi pisan, sigana mah pedah gratisan kitu,
kaul siganamah sanes nipu panginten..
Upami sadar mah panginteun tos we anu mampu mah meser
ka pasar, wios daging qurban mah kanggo anu duafa
sapertos sim kuring, he he.. satahun sakali mendak
daging teh..
Wasalam, punteun
dedi tea
--- Jalak Pakuan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Aya wargi nu janten panitia Idul Qur'ban? Pangalaman
> sim kuring mah ti taun ka taun teh sarua bae. Ayeuna
> jalma mun rek dibere daging Qurban teh hararawek,
> teu inget ka kaayaan batur/tatangga nu leuwih susah,
> leuwih butuh. Nu dipiheulakeun ku maranehna ngan
> saloba-lobana meunang daging, mun perelu mah
> nararipu. Ieu mah di Maruya, batawi nu masyarakatna
> transisi. Kumaha nya kaayaan di kota2 TS jeung di
> desa-desa TS, naha sarua atawa naon bedana? Kuring
> hariwang mun kawas di Maruya mah!!
>
> Salam
> Jalak Pakuan
>
>
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses.
http://promotions.yahoo.com/new_mail
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

