Kang Asep, punten yeuh si kuring ngawangsulan deui informasi
kapungkur, kl sataun kalangkung parantos diposting, ngeunaan
ngamanfaatkeun runtah kanggo gemuk. Hapunten deui, bilih posting di
handap ieu rada kapapanjangan.
Salaresna sanes teu aya anu tiasa maparinan bongbolongan ka
rengrengan Pamarentah (Jabar, khususna, malah ka tingkat Nasional
oge parantos). Eta mah, pamarentahna bae teu acan kataji sareng teu
(acan) aya niat migunakeun teknologi anu ramah lingkungan tur
kalintang efektifna ngadaur-ulang runtah janten gemuk anu kacida
manfaatna, nganggo prinsip "innnaalilaahi wa innaa ilaihi
rooji'uun", anu asal ti alam kudu balik deui ka alam kalawan dina
prosesna maparinan hasil ("waste" product dirobah saoptimalna janten
produk anu manfaat).
Anu disebat nembe teh tos aya teknologina, malihan conto produkna
oge aya anu disebut gemuk GRAMMOR (granular macro-micro organic).
ieu GRAMMOR teh ciptaan sepuh urang anu di Panaruban tea (lulusan
Fak.Pertanian UNPAD angkatan kahiji). Ieu gagasan + teknologi teh
kantos diangken ku Bapedalda (Badan Pengendalian Lingkungan Hirup
Daerah) Jabar, malih mah saparantos presentasi di payuneun
rengrengan Bapedalda, ieu GRAMMOR kapilih salaku salah sahiji wakil
Jabar di Pameran Lingkungan Hirup Sadunya di Nusa Dua, Bali, tahun
2002. Parantos presentasi oge di payuneun Dinas Kebersihan Jabar.
Proposal Grammor parantos katampi ku kantor LH pusat oge Bapedalda
Jabar, oge Gubernur Jabar. Proposal anu kanggo Gubernur Jabar mah
malih si kuring nyaksian sorangan, teu nginjeum ceuli, teu nginjeum
mata. Harita teh si kuring diajakan ku Kang CA + Abah Surya ti
sundanet kanggo nepangan gubernur anu harita nembe diistrenan
(dilantik). Nya dina eta kasempetan sakantenan dipaparinkeun
proposal ngarojantkeun pertanian kalawan ngamanfaatkeun runtah jadi
gemuk NPK Super GRAMMOR tea anu disebat di luhur.
Dina proposal GRAMMOR, sabaraha bae seueurna produksi sampah tiasa
kaserep, janten gemuk NPK anu kadar N, P, K kaukur cukup sakumaha
anu dibutuhkeun ku pepelakan, plus organik, zat mikro sareng hormon.
Perhetangan kauntungan boh keur patani, pamarentah, lingkungan,
jeung pengusaha oge tos aya di dinya. Ageung kacida kauntungan keur
patani, sabab Grammor tiasa ningkatkeun tatanen dugi ka 100%
langkung, nagara tiasa ngahemat devisa ageung kacida
tina "penghematan" impor N, P sareng K, atuh lingkungan (biaya
karuksakan karana sampah) tiasa dihemat ageung kacida (problem
lahan, jrrd, tiasa direngsekeun). Atuh pasoalan "pemulung" oge teu
dikantunkeun, da diwadahan dina proses misahkeun runtah tahap awal.
Kantun "political will" pamarentah bae Kang. Pamarentah anu mindeng
teu engeuh kana pasoalan anu jadi bangbaluh balarea. Matak sakapeung
sok teu kaharti. Na naon atuh ari program pamarentah anu sajatina?
kamarana para ahli lingkungan, ekonomi, efesiensi, efektivitas, jrrd
deui di pamarentahan? Naha sadayana pangaweruh anu wijaksana teh
tikerelep dina lautan politik, kapentingan golongan, kaduniawiaan,
jsb? Wallohu'alam.
Mangga, GRAMMOR produk US ieu tiasa dijadikeun sarana keur
ngawalatrakeun ekonomi rakyat, mulasara lingkungan, jeung
ngaronjatkeun ekonomi nagara. Kapayun upama dikokolakeun kalawan
daria, tiasa oge ngamabah dunya, Insya Alloh.
Ti payun tos sababaraha kali si kuring posting di ieu milist
ngeunaan ieu jejer. Teu nanaon teu pati aya anu ngarojong oge,
jalaran si kuring mah yakin, salah sahiji cara kanggo ngaronjatkeun
tataneun, lingkungan, perekonomian rakyat loba jeung nagara, teu aya
deui nya kudu ku "terobosan" samodel teknologi GRAMMOR. Tah upami
bade ngaorojong, hayu atuh urang deudeul, sakampuna, sabisana
sewangan-sewangan. Ngan anu sok diandel mah pangrojong teh upama
diusahakeun kalawan ngaliwatan organisasi. Kusnet/YP atawa
organisasi kasundaan sejenna potensial pisan keur ngadeudeul usaha-
usaha samodel kitu. Upama arek jeung aya minat, kitu oge.
Baktosna,
manAR
--- In [email protected], asep juarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Heran sim kuring mah... Ti payun Jakarta anu bingung
> ku runtah teh, ayeuna Bandung... Naha teu aya anu
> tiasa masihan bongbolongan kitu? Kumaha tah, aya
> wartos ti LIPI atanapi ti paguron luhur? Di Jepang mah
> saurna mah runtah teh diteuaskeun, teras dijantenkeun
> bata kanggo wangunan atanapi kanggo ngadamel jalan.
> Kumaha, aya wartos ti Jepang?
>
> AJ
>
> --- [EMAIL PROTECTED] wrote:
>
>
> ---------------------------------
>
> [EMAIL PROTECTED] mengirimkan bagi Anda sebuah
> link berita dari KOMPAS Cyber Media
> yang berjudul :
>
> Waspada, Bandung Bisa Jadi Lautan Sampah
>
> Dari jumlah sampah Bandung yang mencapai 3.677.377
> meter kubik, Dinas Kebersihan kota Bandung hanya mampu
> mengangkut 82 persennya saja. Sisanya?
>
> dengan pesan :
>
> " punten ah,nu di Bandung ati2 :) "
> Copyright@ 2002 KOMPAS Cyber Media, All right
> reserved privacy policy.
>
> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
>
>
>
>
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
>
> To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>
> To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>
> Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo!
> Terms of Service.
>
>
>
>
>
> __________________________________
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
> http://info.mail.yahoo.com/mail_250
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/