Merlin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Akang sareng teteh sadayana di Kusnet,
kumaha daramang...
salam kenal wae ti ineu  ka sadayana....
 
''saleresna tos lami ngabandungan  ieu grup KUSnet,  meuni resep puguh... seueur pulungeun..nana.
 mung nembe ayeuna wantun nepangkeun salira,
isin atuh da...bilih ngisinkeun ka sadayana...(hapunteun sateu acan na upami bahasa sundana kirang merenah...)
 
 ngawitan  nepangkeun..
 
Nami Ineu Miasasra, yuswa maret payun, nembe dua salapan. kawit ti Palabuan ratu ( sukawayana) caket Hotel Samudra +  batu karut , tapi lami di Bogor.
Ayeuna kaleresan nuju janten Permanent Residence di Karratha (western Australia - kirang langkung 5 jam ti Jakarta- ngapung), ngiring caroge.
padamelan ineu biasa we kasak kusuk di dapur he he he...teu acan gaduh buntut gaduh oge ucing namina picko...
ari caroge kuli tambang, kantos lami di pongkor- bogor (Kanggo  Pak Dedi Aditya Sumanagara, Pak Iwan Dharma setiawan, Pak Eko Kuswandi  sareng sadaya crew  PT Antam, salam ti Alan  Latter tea...saurna....)
 
Pun aki ( jenat)  Jua Jarkasih ( ngadangu cariosan batur mah  anjeuna teh sesepuh di sukawayana -saurna) aslina ti Surade - Jampang Kulon, kantos ngagaduhan grup kesenian sunda katelah ""kincang Sagara "" mung saatosna pun aki pupus teu aya nu neraskeun. paling  pun Rama ( Hendro Suhendar ) masih sering ngacapi , suling na putra bibi ( Herman Prabowo) sareng ...sinden na pun biang  Yetty Hernawati ( Jenat).  kantun kacapi suling we ayeuna mah...
 
Akang sareng Teteh ...
meuni sedih puguh ineu teu gaduh baraya anu caket di dieu..
nanaon nyalira, komo sasih shaum mah...shaum sasarengan ge tos beurat komo nyalira  ...(tapi alhamdulilah dugi ka waktos ieu masih keneh di tangtayungan ku Gusti Allah anu Maha Suci ...Amin...)
cangkelul manah lah iinggrisan wae teh..upami kaleresan di jailan ku batur asa teu sumat nyeuseulan batur nganggo basa inggris mah... he he he...
.ngumbara di nagara batur teh..sok  seueur ngarumasna ...dina ka emaman  
anu puguh mah seusah milarian pais lauk asin jambal atanapi beuleum layur...sareng kerecek oncom anu
di surawungan...ngarencangan timbel panas dina daun cau,  mendakan sampeu/hui oge sataun sakali, ari tarasi mah seueur mung buatan malaysia teu patos peuleum jiga buatan urang-urang. aduh..meni hoyong uih ka lembur...mun emut kaemaman urang sunda teh...sono..sono..sono...
 
ka akang akang sareng teteh sadayana di kusnet mugi kersa ngintun kabar kaayaan di lembur
etang etang nambut soca kanggo landong sono...
hatur nuhun... pisan diantos...
sareng,
mugi teu kaabotan ineu ngiringan dina grup ieu, nuhun oge ka Ki Kuncen ...PISAN...! 
 
kanggo wargi di sukabumi sareng jampang kulon salam ka sadayana..!
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




> ATTACHMENT part 2 image/jpeg name=!CID__Photo0057.jpg


> ATTACHMENT part 3 image/jpeg name=Photo0024.jpg


> ATTACHMENT part 4 image/jpeg name=Photo0078.jpg


Do you Yahoo!?
Meet the all-new My Yahoo! � Try it today!

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke