Punten tumaros ka anu nembe mulih ti Aceh, perkawis
wartos nu kirang sae anu katampi ti rerencangan
simkuring kieu :
Wargi rerencangan sim kuring saurna gaduh/didamel di
pausahaan pangeboran minyak, ngirim sukarelawan 8
urang ka Aceh kanggo ngabantu ngebor "air bersih".
Waktu bade ngebor teh saurna si sukarelawan menta
tulung ka asli urang Acehna, supaya milu mantuan
ngagotong peralatan anu bisa digotong, tapi
maranehanna teu daraekeun. Waktu menta cai rek nginum,
cenah teu mere, beunang nginum tapi kudu mayar Rp15
rebu sagelasna pikeun cai kopi, Rp10 rebu cai herang.
Ahirna eta sukarelawan teh teu sanggupeun jeung
ditarik deui katut peralatannana. Terus terang, kuring
masih cangcaya kana wartos ieu teh, asa piraku jalma
nu rek ditulungan kitu kalakuannana. Tapi beja lianna
nu hampir sami aya oge. Cing kumaha pangalaman wargi
Kang Jamal nu nembe mulih ti Aceh, sami kitu atanapi
eta beja teh bohong.
Nuhun.

Jaka


> mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> 
> 
> Si andiw (si kendi tea, adi bungsu) geus mulang ti
> Meulaboh. Beuki hideng.
> Ari gorengna mah geus ti baheula. Nu riweuh daria
> dicaritakeun ku manehna
> teh, ngan naek Chinook we hayeuh. Di kulawarga, si
> eta memang nu can
> ngajaran naek kapal. Sabot jadi relawan ka Aceh,
> nepi ka ngalaman naek
> Chinook sagala. Eta, helikopter panjang nu kolecerna
> dua, di tukang jeung
> dihareup. Nu ditumpakan ku manehna, ti Meulaboh ka
> Polonia Medan nu
> tangtara Singapura.
> 
> Kumaha wae maneh di Meulaboh?
> Nya siga batur we, nganteur-nganteurkeun bantuan
> barang.
> 
> Loba keneh mayit di Meulaboh?
> Loba, di jalan-jalan ge aya keneh. Ampir tiap
> sababaraha meter. Manggih.
> 
> Maneh lain mantuan ngangkut eta mayit?
> Teu meunang ku tangtara. Kudu relawan khusus cenah.
> 
> Lain maneh teh pan mawa alat penjernih cai tea?
> Nu di bawa ti itb memang eta. Tapi di Batam, utamana
> Medco nitip bantuan,
> oge di Medan. Jadi ngabagikeun bantuan eta oge. Alat
> penjernih cai tadina
> rek nyokot caina di walungan, tapi teu jadi da bisi
> tercemarna parah.
> Antukna ngabor heula. Nyieun sumur. Jero oge.
> 
> Boga mesin bor?
> Dikirim ku Medco. Medco jeung alumni itb nu mantuan
> pisan. Medco beak duit
> ampir 1 Milyar jang mantuan tim itb, tiket, alat
> jeung pakakas sagala
> rupa, kaasup sababaraha hiji ragaji mesin paranti
> motong kai gede.
> 
> Naha aya nu kitu sagala?
> Nya eta atuh, kurang data jeung koordinasi
> informasi. Medco jeung alumni
> rek mantuan. Tapi naon nu diperlukeun euweuh nu
> nyaho atawa ngaroris. Jadi
> nya dikira-kira we. Chinook we pokona mah.
> 
> Bedul teh. Ari sare dimana?
> Mimiti mah di pendopo kabupaten Meulaboh. Terus di
> posko itb. Deukeut
> posko Jabar.
> 
> Dahar kumaha?
> Medco ngirim koki tiluan! Haha..
> 
> Maneh rek piknik atawa rek mantuan bencana?
> Nya ari mantuan teh kudu aya tanaga. Beuteung kudu
> seubeuh heula.
> 
> Bener oge. Naon deui gawe?
> Nya kumaha meneranana. Kungsi jadi penerjemah dokter
> Jerman nu bingung
> nerangkeun pasualan ka pasen. Ku andi di
> terjemahkeun ka basa indonesia.
> Jadi beres.
> 
> Ari posko teh siga kumana sih?
> Nya tenda peleton. Meunang meuli ti Jatayu, sapuluh
> juta kumplit.
> 
> Timana duitna?
> Ti itb, ti alumni.
> 
> Pangalaman nu pang-ahengna naon?
> Naek Chinook! Edun!
> 
> Bedul teh. Lain mawa hiji ka bandung! Maneh sedih
> teu di ditu?
> Mun ngagugulung kasedih mah moal bisa gawe mantuan
> atuh.
> 
> Ari ujian kumaha bejana?
> Nya aya dosen nu langsung mere E, teu basa basi. Aya
> nu mere diundur, aya
> nu teu kudu ujian asal balik mawa gambar2 pasca
> tsunami, jang bahan
> kuliah.
> 
> SPP maneh geus dibayar. Biasa, tina royalti novel.
> Hatur nuhun.
> 
> Uing rada rido ayeuna mah pangmayarkeun SPP maneh.
> Sabab maneh aya gunana
> jang batur.
> Hehehe�
> 
> Eh, maneh teu nanaon?
> Maksudna?
> 
> Nya teu trauma atawa kumaha?
> Henteu. Tingali we�
> 
> Eta haha hehe na rada loba?
> Apan tas naek Chinook!
> 
> Keukeuh Chinook! Geuleuh pisan! Eh, uing rek nanya
> seurieus. Maneh ka aceh
> teh enyaan bakat ku nyaah ka dulur urang Aceh atawa
> ngabebenjokeun hate
> pedah diputuskeun kabogoh maneh nu anak TL? (teknik
> lingkungan-red)
> Haha�nya motivasina mah kaci lah naon bae. Hahah�nu
> penting naek Chinook!
> 
> Bedul! Chinook deui chinook deui!
> Geus ah, rek ka  Emih, sono euy.
> 
> Heueuh atuh. Jung, tong poho balik ka bandung mawa
> rambutan. Cenah geus
> arasak, kamari aya SMS ti lanceuk maneh, di
> kedemong.
> Rambutan? Tuh pan lieur, tas ti Aceh, di lembur
> Rambutan Aceh arasak. Hehehe�
> 
> Uing unggal poe naek angkot liwat jalan Aceh.
> 
> Duit boga keneh?
> Aya
> 
> Tanda manehna geus nepi ka Gunungcupu, ngirim SMS:
> Eh, ari AJ teh masih keneh PD3 atawa geus jadi PR3?
> Rambutan kade poho siah!
> 
> --------------
> si andi teh adi bungsu. Umurna satengah umur si
> kuring. Inget keneh pisan
> basa manehna sajam karek borojol. Baketut, semu
> monyong. Haha. Teu nyangka
> rek lampar kitu.
> 
> mj
> 
> http://geocities.com/mangjamal
> 
> 
> 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage
> less. 
> 
> Komunitas Urang Sunda -->
> http://www.Urang-Sunda.or.id
> 
> 
> 
> 
> ---------------------------------
> Yahoo! Groups Links
> 
>    To visit your group on the web, go to:
> http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
>   
>    To unsubscribe from this group, send an email to:
> [EMAIL PROTECTED]
>   
>    Your use of Yahoo! Groups is subject to the
> Yahoo! Terms of Service. 
> 
> 
> 
>               
> ---------------------------------
> Do you Yahoo!?
> 
=== message truncated ===

> ATTACHMENT part 2 image/pjpeg name=chinook1.jpg


> ATTACHMENT part 3 image/pjpeg name=chinook2.jpg




                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Meet the all-new My Yahoo! - Try it today! 
http://my.yahoo.com 
 



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke