kamari peuting ningali acara :Lepas Malam" nu di Mc an ku kang Farhan nu ngaku urang Tangerang cenah, pernah kuliah di UNPAD. bintang tamuna Desi Ratnasari nu kamari mah katingalina bersih tur caang, sareng hiji deui Kang Erry US nu di KPK tea. Resep ningali acara eta. Samemehna kuring bungah oge basa Desi nyebutkeun wah ieu mah acara kumpul urang SUnda. Aya rasa reueus dina hate, gening US teh maraju. Dina acara eta aya nu matak helok basa Kang Erry ditanya, iraha cenah Indonesia bisa lepas tina budaya kprupsi nu siga kiwari ngarusak sagalana. walerana nu matak si kuring reuwas , pami ningali malaysia mah peryogi 37 taun, lamun ka SIngapura mah komo deui 50 taun. Tapi di urang cenah bisa ngan 10-12 taun merangan ieu budaya korup tea. Nya cenah ngan nurunkeun peringkat indek persepsi korupsi tina nu ayeuna 136 (ti 145) jadi ka 50 besar. Gening masih jauh keneh perjuangan teh. Jauuuuuh pisan ka nu rek dituju mah. mereun urang mah sibuk merangan korupsi heula, nagara deungeun mah geus lalumpatan ngudag teknologi jeung kasajahteraaan rahayatna. JAdina terus tingaleun wae. Mugi2 wae nagara urang tiasa sajalan, korupsi ngurangan, jeung sisi nu lain oge teu katingalan ku batur komo tingaleun ti nagara tatangga mah maenya teuing... Kuring reueus lah.. teraskeun kang Erry mugi2 sagala targetna tiasa kacumponan... salam oge kangge Desy Ratnasari ti kuring kitu, saha nya nu bisa ngajak manehna ka lembur KUSNET???
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

