Ari kang dani teh kawit ti mana ? asa kirang tepat kujaman ayeuna masih keneh gaduh anggeupan kitu ( sunda = Islam ). plesir  atuh sakali-kali. plesirna tong ka kota wungkul. sakali kali ka lembur, maksadna kampung, da pami lembur kuring mah teu aya, aya oge Kampung dhewek.  Sok lah ku sim kuring dianteur, mung abdi ongkosan he he..
hampura kang dani.
Dugi ka danget ayeuna (2005) pami teu leupat  daerah jabar ( suku Sunda ) anu lumayan tos aya katholik Kuningan, Garut, Purwakarta. Pami di Jawa Tengah ( suku Sunda ) daerah Majenang ( Sadabumi) jsk, Cilopadang, Sidareja, Dayeuh Luhur lan desa-desa terpencil paleubah tapel wates.
Sim kuring kantos teupang sareng tokoh di Majenang, saur anjeuna daerah eta jsk janteun target JERICHO 2000 ( pengkristenan suku sunda)
Pami kirang akurat datana hapunteun, sabab sim kuring oge sapaliwat tumarosna.
mangga lajengkeun.
 

Dani Ibrahim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Resep ngabandungan dulur-dulur sadaya teh, aya wae bahan kanggo diskusi
sareng eta kutiasa berkembang kamana-mana.  Eta deuih waas ku komentarna
urang Ausie palebah etanamah geuning hideung, nembe kaemutan naha leres
kitu?

Punteun sim kuring teh nembe ngiringan KUSNET , hoyong terang langkung
tebih masalah urang sunda sareng islam.  Salami ieu sim uring gaduh
pamadegan ari urang sunda teh identik sareng islam.  Janten upami aya anu
ngaku-ngaku urang sunda tapi agemanana sanes islam sim kuring ngaraos yen
manehna teh tos kaluar dina kasundaananan, naha leres kitu?

Leres sateacan islam lebet ka nusantara urang sunda teh tos aya, sareng tos
ngamekarkeun budayana, tapi saparantos islam lebet sagala rupi budaya sunda
teh janten cenderung kana kaislaman,

Punteun ah ka para akang sareng ceuceu, nyuhunkeun pencerahannana,

nuhun.

Dani Ibrahim





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke