|
oh Kang Dian..punten atuh..manawi teh Kang Putra,
maklum ieu teh soca tos resak
matak di kaca socaan oge..he he he...
eta gaduh rerencangan, pameget sadayana, ti
perhotelan SBH anu daramel di hotel sei jodoh.
sami2 urang palabuan kawitna, ngararadon
damel diditu,
nuju ineu masih di bogor rajin pan teteleponan
sareng aranjeuna maklum sobat sakola deuih..
dupi kitu meuni aya apek2..
sanes empek2?.. favorit eta mah ketang he he
he..
mangga upami gaduh brosur Batam pasihkeun we ka
ineu
bade di sebarkeun di dieu..
seueur kenalan anu hoyong liburan ka indonesia
teh
ari terang kitu mah janten gampil milari info
na..
ari ineu mah teu acan tiasa uih da abot
ku ongkosna..he he he sareng deuih upami naek kapal udara teh osok sieun rag-rag
da teu gaduh jangjang.
borangan da ineu mah kacida..
eta gara2 namah nuju ka lombok kapungkur pas
bade uih ka jakarta keuna badai mung untung na, teu dugi ka mendarat di walungan
bengawan solo..
masih di tangtayungan Ku Gusti Allah
panginteun
kapungkur oge basa kadieu nyalira bubuhan ngaleeut
antimo lima, he he he
atuh sapanjang ngapung teh tibra...
engkinlah pami kenging lotto panginten
dijugjug, eta oge mun gaduh umur sareng tiasa mendakan
antimo.
salam we ka sadayana urang sunda di
batam
Ineu
----- Original Message -----
Sent: Friday, January 28, 2005 7:41
AM
Subject: Re: [Urang Sunda] Sushi, Sashimi
>>>>> batam
wilujeng enjing para wargi
sadayana...
teh ineu... eta teh kang dian sanes kang
putra,
leres nami tungtungna mah aya PUTRA-an, tapi di
Batam mah tenarna KANG DIAN,
sok we pami teh ineu ka batam, teras naroskeun
Kang Dian, pasti sadayana arapaleun, komo deui para ABGna mah..
hehehe...
Kang Dian teh juragan Travel di batamna, bilih
teh ineu bade ka batam nyandak rombongan,
mangga ngahubungi anjeunna... pasti kenging
diskon geura,
da dina plang papan nama travelna aya tulisan..
"KHUSUS URANG SUNDA DISCOUNT 50%"
leres teu kang dian.... hehehe...
naha teh ineu terang sei jodoh geuningan...??
padahal teu acan kantos ka batam,
di batam seueur urang singapurena, tapi nu
"ngadon" wungkul,
malah seueur oge nu garaduh "simpanan" di batam,
katelahna "apek2" urang spore teh di batam mah,
padahal mah di sporena teh paling nu daramelna
janten supir taxi, atanapi padamel pabrik...
mangga atuh... iraha teh ineu bade ka batam..??
tong di ausie wae.... hehehe..
Panzi van batam
----- Original Message -----
Kang Putra
hayoh atuh kintun abi foto2 batam
teu acan kantos pan abi ka batam
mah..
hoyong terang...
saurna sagala rupi arawis nya di batam
mah?!
teras seueur urang singapur anu linggihna di
batam,
leres ata teh?!...
upami ti
rorompok akang ka sei jodoh sabaraha lami?!..
gara2 foto ti akang..nyandak
pangaruh
mangka abi resep pisan kana sushi teh,
janten hoream ayeuna mah...
mung sushi anu topping na asak mah masih keneh
dilekeunan
da raos...
Ineu
----- Original Message -----
duhh hapunteeeeen......... teh Ineu
tadina mah eta teh peringatan kanggo nu resep daging
atah,
tapi kahilapkeun teu nganggo warning.
ari abdi mah kaleresan, sanajan resep seafood (salah
sawios daya tarik batam),
tapi alhamdulillah ari nu atah mah teu dipaparin resep.
(ari wombat kenging diingu teu
teh..?)
Komunitas Urang Sunda
--> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
|