Ceu Ineu... punten rada elat email na, sim kuring nembe online (biasa ari sabtu minggu tara ngoprek komputer). lumayan panjang we upami didongengkeun lengkep mah. Mung saleresna autis, ds, mr, jrrd saleresna kirang tepat upami disebat panyawat. Kumargi ari pasifatan panyawat mah tiasa menular, sedengkeun autis, ds tea... teu nular. Upami dikategorikeun panginten disebatna "kelainan" tea.
 
Khusus autis, memang saestuna aya kelainan secara medis nu ngaganggu kana perilaku sosial tur bahasa atanapi secara psikologi disebat gangguan sosial. Penyebab autis dugi ayeuna teu acan pasti, ngan nu jelas gangguanna Neurobilogi. secara fisik mah autis teu aya bedana ti nu normal. Tapi secara psikologis aya ciri-ciri nu bisa ngabedakeun budak autis atawa henteu. Aya ciri-ciri saperti : (punten rada direumbeuy nya basa sundana, supados tepat istilahna)
1. telat dina "perkembangan bicara" -- kahade ulah dilalaworakeun upami murangkalih telat nyarios
2. teu tiasa nyarios kecap-kecap nu tos "dikuasai"
3. teu tiasa nurut kana instruksi sederhana sapertos "pangyandakeun acuk ujang!"
4. teu aya "kontak mata" upami diajak nyarios/berinteraksi.
5. asyik dina dunyana sorangan. kadang sapertos nu gaduh "teman hayalan".
6. jrrd...
Tapi ciri-ciri nu diluhur mangrupakeun ciri-ciri umum. upami diobservasi budak ngabogaan ciri-ciri spesifik, bisa jadi teu autis tapi: PDD NOS, Fragile X, Landau, Asperger, jrrd... (seueur pisan ceu....)
 
 
Benten deui sareng autis, DS atanapi Down Syndrome, secara fisik kelainanana tiasa katingali. Secara medik, urang nu normal ngagaduhan 23 pasang kromosom, tiap pasang aya 2 (x,y). sedengken nu DS dina kromosom ka 21 sifatna trisomi atawa rempet 3. Efekna, secara fisik ngagaduhan bentuk mastaka mongoloid. tangtos wae kelainan ieu secara psikologi ngakibatkeun gangguan sosial tur emosi. Janten tiasa wae umur budak 12 taun, tapi usia mental sami sareng budak 7-8 taun.
 
Upami MR tea jelas singketan tina "Mental Returdised", kasarna mah keterbelakangan mental. Seueur aspek nu tiasa ditingal boh secara psikologis atanapi secara medis.
 
Boh autis, ds, mr, pamendak sim kuring mah upami tos kadeteksi "secara dini", kedah enggal bertindak nu disebat "intervensi dini". Intervensi ieu mangrupa terapi, boh terapi motorik, terapi wicara, dugi ka terapi perilaku tur terapi okuvasi.
 
Di klinik sim kuring aya pasien umur 17 taun AD/HD alias hiperaktif tea, ku indung bapana ti keur leutikna eta budak teu pernah dikonsultasikeun. Anggur kalah di kerem atawa dicangcang, ayeuna eta budak can tiasa nyarios-nyarios acan, malah mun ka cai ge diombehan ku indungna. Watir pisan ceu...., teu kabayang ku kuring mah, mun indung bapana geus teu aya, kumaha masa depan eta budak. Tah di dieu pentingna "intervensi dini" teh.
 
Memang vonis dokter (upami tos jelas,) kolotna ukur bisa narima sabab teu aya ubarna. Tapi kusabab gangguan nu karandapan bisa jadi gangguan sosial, emosi, bahasa atawa prilaku, tangtu bisa diobah ku jalan terapi dini tea.
 
-salam-
MDY
 
 
----- Original Message -----
Sent: Thursday, January 27, 2005 7:50 AM
Subject: Re: [Urang Sunda] barudak "kebutuhan khusus" hese sakola

Kang  eta teh panyawat naon?
eta Autis, DS, MR jeeste...tea
sakantenan .sadayana..manawi abi mah jalmi teu terang..
 
di Bogor peungkeuren Bogor Internusa  Plaza jalan Pajajaran aya Sekolah Luar Biasa...ngawitan ti tk dugi ka lanjutan atas na oge aya...
ata sanes ?! mung tebih panginten nya..
 
sok waas pami nuju ngalangkung ka lebah dinya kapungkur,
kadang2 matak  sedih, teu karaos curudcud weh ci soca.
nuhun..
 
 
Ineu.
----- Original Message -----
From: md. friady
Sent: Wednesday, January 26, 2005 6:06 PM
Subject: [Urang Sunda] barudak "kebutuhan khusus" hese sakola

ass. wr. wb.
 
Sim kuring gaduh pasien spesial biasana disebut "anak berkebutuhan khusus" kayaning Autis, down syndrome, MR, jeung sanes na. Ayeuna masih di terapi di klinik kuring. Aya sababaraha pasien nu tos meujeuhna nincak SD tur siap pikeun sakola. Tapi tong boroning kolot na, pribados ge pusing milarian sakola nu sadia narima eta budak.
 
Ka balarea... manawi gaduh referensi sakola dasar nu sadia nampi budak anu "berkebutuhan khusus". utamina sakola anu terjangkau. Margi aya sakola khusus, mung waragadna edun pisan tiasa seep 18 jt sataun. eta ge aya sakola biasa pikeun budak normal tapi nampi barudak khusus, mung pas teurang eta budak teh emang spesial, beayana ujug2 naek.. yah... seep 8 jt sataun mah.
 
Beu tega nya... kumaha atuh pendidikan urang bisa adil jeung secara nyata mencerdaskan bangsa teh...???
Ongkoh UUD teh ngajamin pendidikan.... tapi pendidikan pikeun saha jeung nu mana.
 
Hatur nuhun sateuacanna kana info na...
 
wass. wr. wb.
MDY


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links


Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Kirim email ke