Kang suk4n4 ( namina jiga rumus matematik ...hehehhe) kekhalifahan 
Islam di Andalusia dididirikeun ku urang afrika utara (urang Arab 
tapi biasa disebut urang Moor) nu nyerebu andalusia (spanyol). Urang 
Moor ieu terus nyieun karajaan Islam di Andalusia. Kabudaayaan Islam 
kaasup maju waktu harita, ngan jigana, kulantaran nu kawasa lain asli 
urang dinya, nu barontak, utamana mah urang spanyol nu agamna 
kristen, terus-terusan aya, nu akhirnya mah meunang. Waktu eleh urang 
Islam diusir ti Andalusia, sagala nu bau-bau Islam, dieuweuhkeun di 
Andalusia, kaasup Masjid nu dirobah jadi gereja tea (Hilap deui nami 
Gerejana). Jigana lamun nempo kasus andalusia, faktor etnik oge 
nangtukeun, sanes ukur tina agamana wae. Urang Moor nu agamana 
Islam, "ngajajah" nagri Andalusia nu penduduk aslina agama kristen. 
(punten dikoreksi upami kuring lepat, CMIIW).

Soal kampung di saluhureun cikutra nu 90% Muslim, 10 % non-muslim, 
kuring percaya, ngan nu 10% non-muslim teh acan tangtu urang Sunda/ 
urang Bandung asli, sabab Bandung sabage kota gede, jelemana geus 
campur. Kampung dikalereun CIkutra ayeuna mah geus dedet, kanu 
gurawes-gurawes diimahan. Kuring kungsi nganteurkeun anu kawin ka 
daerah dinya, seseleket dina gang. Pas di tempat nu kawinan, kacida 
heurinna, jle diuk di emperan imah, barang luak-lieuk geuning aya 
sticker nempel dina panto imah teh, euleuh geuning eta imah teh 
Gereja Pasundan!

-WALUYA-
  

--- In [email protected], [EMAIL PROTECTED] wrote:
> 
> Satuju kana pamadegan ngahindarkeun perang terbuka. Pamendak sim 
kuring eta
> kristenisasi teh kedah dilawan ku sistem
> tiasa ningal conto di Andalusia anu kapungkur dina sajarahna teh 
kacida
> jayana karajaan Islam teh , boh tina ngawitan ilmuwan Islam 
mangrupi buku
> anu araraheng tur berkualitas dugi ka peradaban Islam , naha atuh
> kajantenan kiwari ku sistem pemerintahan mah nya tumpes kajayaan 
Islam teh.
> Aya deui conto ti pun biang aya hiji kampung di daerah luhureun 
Cikutra anu
> wargana 90 % Muslim , 10 % Kristen, lajeng aya upaya ngadegkeun 
Gereja
> nanging di demo ku Warga Muslim , teu putus asa tah tokoh Kristen 
teh
> satekah polah neangan jalan. sababaraha kali gagal bae saba 
diprotes /
> didemo ku warga Muslim tea.  Taktik tokoh Kristen dirobih nyaeta 
jadi
> dermawan sagala rupa kagiatan di kampung manehna panghareupna nepika
> nyumbang kagiatan Hari Besar  Islam, komo ari kagiatan Nasional 
mah. warga
> teh ngarasa hutang budi ka eta tokoh Kristen teh.
> Harita Pak RW na pindah tugas kaluar kota, atuh si Tokoh Kristen 
ngajukeun
> jadi kandidat Ketua RW, rea nu ngarojong
> sanajan teru saeutik oge anu nolak tapi rek dikumaha deui sabab 
eleh ku
> alesanana rasional pajarkeun teh sanajan Kristen tapi hade pisan 
amalna ,
> keun bae lah masalah agama mah sewang-sewangan, antukna mah anu 
nolak ge
> satuju we.
> Ti mimiti jadi Ketua RW Si Tokoh Kristen teh propaganda ka imah 
warga door
> to door nyaeta ngajukeun proposal persetujuan ngadegkeun Gareja , 
nya
> ahirna mah meunang rojongan ti warga alesannana mah klasik : Kami 
susah
> untuk melaksanakan peribadatan karena tidak ada gereja di kampung 
ini dan
> kami akan menjaga toleransi sesama umat beragama, kitu tah ceuk eta 
RW teh,
> atuh puguh we warga teh teu bisa nolak da inggis jeung rempan sabab 
ayeuna
> mah anu menta teh Penguasa Wilayah alias RW. Deg weh ngadeg Gareja 
di
> kampung eta singketna mah sagala cara taktik licik dilakonan tah ku 
RW teh
> antukna mah Warga Muslim teh saeutik ka saeutik kabegal Iman, 
ayeuna mah 90
> % Kristen , 10 % Muslim tah kitu picontoeun geuning ari ku sistem 
mah
> efektif pisan , ayeuna aya trend liwat pulitik beda agama teu 
nanaon asal
> parteyna sarua  ,wagh bahaya pisan kuduna mah Sanajan beda partey 
asal
> Agamana sarua.
> kukituna kade upami aya pilihan RT, RW, KADES jrrd omat kudu milih
> Muslim.emut dina Al Qur'an Surat An-Nisa : Yaa Ayyuhalladzina 
Aamanuu Laa
> Tattakhidulkafirina Auliyaa min dunil mu'minin ...al ayat.He jama 
jalma nu
> Iman kade ulah ngangkat jalma kafir jadi pamingpin ti jalma 
mu'min ... jst
> Insyaallah mugia urang tiasa ngamangfaatkeun kakuatan urang 
sadayana anging
> kersa ridho Alloh SWT. Aaaamiiiin
> Wassalam
> Kang Haji tea





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Help save the life of a child.  Support St. Jude Children's Research Hospital's
'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke