Lembur awi teh, pami sateuacana ciparay belok ka palih kanan sanes? ngalangkungan sawah teras naek ka daerah paawian, he he pami teu leupat sok seueur anu nyeupeungan wae bedog.  hampura teh neny pami kirang teupat. Mung perkawis beca, andong, angkot ciparay-majalaya, angkutan karyawan, ti beuheula teu acan robih keneh
Nepangkeun abi Nana, kawit ti Brebes, istri abi pun rama ti Majalaya (Panyadap)
mangga di lajeng

Kalong Batam Pos <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
cakeut alun alun? di pasar? atanapi andir atanapi lio atanapi di hujung? duh janten hoyong ameng deui ka ciparay teh da tempat ameng.. puguh da sakola sma di barujati sareng kantos damel di majalaya 2 taun...eh tuh janten emut gaduh rerencangan urang padang di ciparay teh nu ku abdi di kantunkeun teras bade nangis basa abdi nyarios bade ka batam heu heuheu padahal manehna teh pameget eh naha janten curhat nya.. heu heu heu atuh da asa ka emutan deui duuuuhhhhh ciparay.. kumaha ayeuna nya naha angger kitu heurin ku beca sareng keretek? sareng ojeg sareng angkot majalaya na nu sok parkir di mana wae tah komo palebah apotek dewi mah meni ngajajar angkot majalaya ciparay teh.. meni sono pisan!!
eh muhun hilap nya pan akang teh naroskeun batam, duka robah duka henteu nya da abdi nembe 5 sasih di batam teh awal september 2004 abdi nincak batam teh, jiganamah robih panginten ayeuna teh maenya we atuh upami teu robihmah berarti teu aya pangwangunan nana nya pamarentah otorita batam teh... teu aya hasilna!! ngan asa panas pisan we raos keneh di ciparay ketang hawana teh komo ka tonggohnamah nu sejuk sareng tiis muhun LA tea alias Lembur Awi tea duh jiga kumaha tah ayeuna nya LA teh...
"nenny"

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke