Assalamualakum wr wb Hapunten anu kasuhun nembe tiasa ngempel deui. Baruk diskusi di milisi urang sunda teh gening tos dugi ka alam transendental kieu (struktur agama, dsb) Rame gening!!!!. Manawi teh wargi-wargi tos bosen rada di ajak serius kanggo ngemut eksistensi urang di alam dunia ieu (kaleresan sim kuring rada mangkel ku salah sahiji posting di mailist ieu anu terkesan ngalelewe kana pencerahan-pencerahan sapertos kieu. Biasa berhala modern mah di sembah ku masyarakat scrizopenic anu sok paham kana realitas sosial. Sok bangga kana dasi anu di pake tur ngantor di gedung-gedung pencakar langit). Pami menurut sim kuring mah (masing sim kuring islam oge) rada sangsi kana konsep agama anu jadi struktur hukum katatanegaraan. Yah, minimal konsepsi islam nu mana heula anu bakal di anggo. Dina kompilasi hukum islam, rea gening perbedaan pendapat anu signifikan teh. Punten ah, ieu mah mung contoh: waktos Taliban berkuasa di Afganistan (anu cenah nganggo hukum islam), istri teu kenging kaluar tur ngan tiasa di klinik kesehatan wungkul sareng di toko pembuatan roti. Anu ngalanggar langsung di gantung di muka umum, teras pameget anu teu gaduh jenggot, dipenjara dugi ka jenggotna muncul (saurnamah sunah rasul) Permasalahan terbesar saleresna sanes formulasi anu kumaha anu saluyu sareng najerkeun negara sejahtera, tapi moralitas pelaksana anu rata-rata teu beres. Aduh, riuet ninggali fenomena-fenomena jalmi-jalmi anu ahli agama (saurnamah kitu) malah jadi cucuk brewit anu ngarusak masyarakat ku ngadu domba dina widang politik jeung sajabana. Kemuakan ieu sami sareng anu terjadi di masyarakat nasranai abad menengah (panginteun nonton film In The name of rose karya umberto eco ). cing konsep ideologi kumaha anu sempurna?. zaman nabi muhammad, zamn abbasiyah atau taliban bahkan zaman islam ala arab ayuena? Pinuh ku paradoks tur ironiusme tinacita-cita mulya nu diperkosa atas nama agama!!!. innalaha maashobirin, laa takhzan innallaha ma'na (ulah hariwang Allah pasti nyarengan. Cag heula ah� wassalam baktos herdis
- __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

