|
Kahatur Bapak, Ibu, Akang
sareng Teteh....
Sim kuring katitipan patarosan ti sababaraha hiji
tatanggi, aranjenna hoyong uninga kumaha komentar baraya urang sunda nu Islam
(punten kanggo nu lian ti islam). Di kompleks sim kuring bade
aya raraga ngagentos ketua DKM, dina raraga ieu janten polemik antawis
warga sareng warga. Tina kacamata sim kuring mah ketua DKM nu lami teh teu
aya kakirangan, atanapi teu aya negatifna salami 6 taun sim
kuring janten warga didinya. Tina pangalaman sim kuring oge nu namina
ketua DKM mah biasana sok saumur hirup atanapi nembe digentos pami tos teu
lempeng sareng nu namina ajaran Islam. Tah pami ayeuna ketua DKM tos
lempeng, teras digentos ngadadak, tangtos bakal aya pandangan-pandangan negatif
ka anjeuna.
Numawi kitu sim kuring hoyong uninga, kumaha
tanggapan bapak, ibu akang sareng teteh. Diantos pisan komentarna.
Hatur nuhun sateuacanna.
Baktos,
Abi Rindra
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
- Re: [Urang Sunda] Tumaros perihal DKM Tosi Firman
- Re: [Urang Sunda] Tumaros perihal DKM Didin Kustandi
- Re: [Urang Sunda] Tumaros perihal DKM asep juarna
- Re: [Urang Sunda] Tumaros perihal DKM Tosi Firman

