----- Original Message -----
Sent: Thursday, February 03, 2005 11:40
PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Tumaros
perihal DKM
Haturan kang Tosi, sim kuring ngiring reueus wireh salira "aktif" di
masjid, hiji amal anu pinuji.
Perkawis "peremajaan" Pangurus DKM, bawiraos teu kedah janten runtik
galih. Kahiji, kiwari mah parantos lumrah (rata-rata 3 taun sakali). Kadua, da
teu aya wagelan sok sanaos unggal aya pamilihan, nyalonkeun diri atanapi di
calonkeun. Saha nu bakal janten Ketua DKM engkena ? Nya tangtos anu kengeng
"sora" pangseueurna. Nya ku kituna, sok sanaos diayakeun pamilihan 3 taun
sakali oge teu mustahil nu kapilih teh eta keneh eta keneh dugi ka janten
Ketua saumur-umur nu hartosna teu aya anu langkung kapercanten ku jamaah
salian ti anjeuna.
Sakitu nu kaemut ku sim kuring.
Salam,
Kang Dien
Tosi Firman <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
Kahatur Bapak, Ibu, Akang
sareng Teteh....
Sim kuring katitipan patarosan ti sababaraha
hiji tatanggi, aranjenna hoyong uninga kumaha komentar baraya urang sunda nu
Islam (punten kanggo nu lian ti islam). Di kompleks sim kuring bade
aya raraga ngagentos ketua DKM, dina raraga ieu janten polemik
antawis warga sareng warga. Tina kacamata sim kuring mah ketua DKM nu
lami teh teu aya kakirangan, atanapi teu aya negatifna salami 6 taun
sim kuring janten warga didinya. Tina pangalaman sim kuring oge
nu namina ketua DKM mah biasana sok saumur hirup atanapi nembe digentos pami
tos teu lempeng sareng nu namina ajaran Islam. Tah pami ayeuna ketua
DKM tos lempeng, teras digentos ngadadak, tangtos bakal aya
pandangan-pandangan negatif ka anjeuna.
Numawi kitu sim kuring hoyong uninga, kumaha
tanggapan bapak, ibu akang sareng teteh. Diantos pisan
komentarna. Hatur nuhun sateuacanna.
Baktos,
Abi Rindra
Komunitas
Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib
Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links