Baraya,
Kajadian bencana alam di Aceh siga anu patalepa, sajaba ti lini di Palu, kamari ieu geus der deui lini anu heunteu kasebut leutik di wewengkon Kab. Garut beulah kaler jeung Kab. Bandung beulah kidul. Tetela, lain warga Aceh bae anu merlukeun kanyaah urang teh, geuningan tunggal dulur satatar Sunda keneh, khususna di Kacamatan Pasirwangi anu jadi korban lini di Jabar ayeuna-ayeuna ieu teu acan kapalire. Hal ieu sakumaha tiasa kailo dina warta koran "Pikiran Rakyat poe" kamari jeung poe ayeuna di handap ieu:
http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0205/05/0101.htm jeung http://www.pikiran-rakyat.com/cetak/2005/0205/06/index.htm.
Sumangga atuh, ka dulur-dulur di sakuliah dunya, mangga urang sasarengan merhatoskeun dulur-dulur urang anu nuju nandangan kasusah alatan bencana alam lini. Tiasa bae eta warta salaku iber kasagtukang kanggo anu bade nyusun proposal pikeun ngempelkeun bantosan (haturan Teh Nenny, mugi tiasa nyalabarkeun ieu warta ka Kang Dadang di California anu kamari ngobrol di chat conference. Hatur nuhun).
Kanggo napak tilas jejer-jejer anu pakait jeung eta warta tur naon anu parantos dipadungdengkeun di ieu milist, mangga tiasa diilo arsip file posting di kisunda di handap ieu:
Wilujeng urun rembug ka sadayana. Pumugi aya bantosan nyata ka warga urang di Garut kaler sareng pakidulan Bandung anu nuju nandangan musibah. Amin.
Baktos,
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - now with 250MB free storage. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

