Baraya,
Ceuk beja, ti asistenna jeung harewos bojong ti babaturan, samemeh padungdung Kang Adang jeung Mas Joko teh dina marebutkeun korsi rektor itb, aya deui calon anu kawilang kuat, namina Kang Denny. Kang Denny teh lain sasaha keur kuring mah, nya kasebutna anu ngaping waktu si kuring neruskeun deui diuk di bangku kuliah. Ongkoh basa keur S1 teh nya kaasup asistenna si kuring teh dina mata kuliah geologi teknik jeung hidrogeologi.
Kang Denny Juanda Puradimaja, hiji doktor hidrogeologi lulusan hiji paguron luhur di Perancis. Anjeunna asli US anu kawitna ti Indihiang, Tasikmalaya tea. Jeung mas Joko teh anjeunna sajurusan pisan. Sabab, jurusan teknik geofisika mah, tempatna mas Joko ngadosenan ayeuna, kawilang anyar, beubeulahan ti jurusan geologi jeung geofisika (mipa). Boh ku mas Joko atawa ku Kang Denny, si kuring teh kungsi didosenan.
Prestasi Kang Denny dina widang manajemen paguron cap gajah ieu kawilang nyoncolang. Kaasup profesor pang ngorana, atuh janten pembantu rektor oge pang ngorana. Dina manajemen kawilang sae, taliti tur efisien. Sakitu nyongcolangna, loba anu "heunteu resepeun", kulantaran nyakitu, ku Kang Denny mah manajemen jeung kinerja karyawan teh dicandak kana jihat anu efektif tur efisien. Salah satu prestasina teh waktos itb ngawangun Sabuga, gedong teknologi jeung kabudayaan anu mashur ayeuna, jeung wangunan-wangunan sarana atikan sanesna di itb.
Ngawangun Sabuga jeung gedong itb nu sanesna teh migunakeun dana hibah ti jepang. Kang Denny anu minangka pimprona waktos harita dugi ka hasil ngarobah hiji kepmen ngeunaan aturan ngawangun gedong. Eta Kepmen teh peryogi dirobah sabab ngahalang kana kinerja pangwangunan fisik model kitu anu kudu anggeus dina waktu anu samporet. Oge sakumaha urang terang, seueur kepmen atawa aturan pamarentah anu jadi liang blas-blusna KKN, nya sarupa kitu oge eta kepmen memeh dirobah..
Ku sakitu efesien sareng efektifna dina ngokolakeun eta proyek, itb dugi ka kenging sesa anggaran proyek (siap) anu ageung, kalawan rencana proyek ti anggangna tetep bisa kahontal. Ku kersana Kang Denny, eta siap teh heunteu dituang ku nyalira atawa dibagi-bagikeun diantara rengrengan pimpro, balikta didamel ngaropea hiji wangunan deui kalawan dimekarkeun. Bangunan rektorat itb anu di jl. tamansari anu nambahan ageung tur sakitu anggrengna eta teh tina ladang siap bantuan anu ti jepang tea.
Kang Denny...........ceuk beja...heunteu terus maju janten salah sahiji calo rektor itb periode ayeuna teh sanes teu kompeten. Namung, ceuk cenah, kusabab yuswana anom teuing. Keun bae, aya keneh kasempetan kapayun. Manawi pareng sadayana, Insya Alloh kapayun itb gaduh rektor US deui pituin ti Tasikmalaya, nyatana ti TS.
Baktos,
manAR
ma_wardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
di sakola jalan ganesha ,nu kakoncara tea,
kamari nuju tanding keris mas joko sareng kujang kang adang ,
merebutkan tahta rektor ITB.
epek teh, keris mas joko santoso langkung hade tibatan kujang na kang
adang surahman...
duka iraha deui nya , sakola i te be cap gajah tea, dipingpin ku
urang sunda deui, sa atos jaman pak Dody Tisna amidjaja almarhum....
mereun kusabab lambang na oge gajah ganesha , nu sanes asli sunda,
janteun , urang sunda teu tiasa nyepeung di itb teh...
mereun keudah digentos lambang na ku kujang atau si kabayan keur
heuay...
urang sunda, jiga na ceukap ku berkuasa di jalan dipati ukur wungkul
( unpad ), tah mun di dinya mah, ti kapungkur oge rektor na pasti
urang sunda...
salam baktos
alma
alhamdulillah tiasa oge ngaraosan sakola cap gajah tea
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

