Sim kuring ngahaturkeun rewu nuhun ka asupan para wargi sadaya. Kunaon panglawungan rek diayakeun di hotel teh kieu alesanana:
1. Praktis, panitia nu singset, tempat nu babari diakses, jeung teu riweuh ngurus akomodasi
2. Jajaga bisi Kang ERH atawa inohong US rek datang, aksesna babari jeung fasilitasna rada merenah;
3. Alam terbuka....nya eta teu katebak mikiran saha nu rek ngurus paralatan, lalawuh, darbeu (dahar beurang) jste. padahal US Kusnet teh geuning sakitu pada pakepuk kana pagawean.
4. Kuota? he...he...eta mah saleresna kangge etang2an panitia, ssstttt.....off the record nya, eta teh kangge ngetang kinten2 sabaraha kaos polo nu kedah diical, mun 15 urang sabaraha omzetna, mun 20 sabaraha omzetna jst. -:))
Ulah janten panghalang, der we daratang......urusan kuota mah urusan teh Imas ehh...panitia. Saleresna mah ieu acara teh teu "tertutup" khusus keur US nu di Jabotabek. Mangga wae ka wargi nu bade ngaluuhan da "spirit"na mah silaturahmi.
Oge waktos di Panaruban abdi sareng Kang Oman jeung Teh Tien gaduh rencana rek ngayakeun panglawungan nu rada gede nu rek diayakeun di Panaruban - Lembang. Urang meuting dina kemah (tenda), aya api unggun jeung kambing guling. Atuh isukna aya acara "tea walk". Atuh nu rek mandi dicurug nya tinggal gebrus. Waktosna teh diperkirakeun Maret kaditu, sanggeus ngaliwatan usum hujan. (gumantung ka konfirmasi urang Subang & associate).
Janten......bade dikawitan ku Kopdar Kusnet di Jakarta atawa rek langsung di Panaruban, atawa aya ide sanes? Sakali deui mangga urang sasarengan badantenkeun tempat & acarana da waktosna ge masih rada panjang.
Cag ah
Jalak Pakuan
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Ikmal, Kang Tirta....oge panatacalagara panglawungan sanesna,
Tah geuningan seueur anu usul di alam terbuka. Kumaha kinten-
kintena? aya saena oge, komo lamun di kebon raya Bogor. Sugan bae
atuh kenging dangiangna ti anu kapungkur. Atuh lebah biaya rada
sigana moal ageung teuing di dinya mah.
Baktos,
manAR
--- In [email protected], "Nia Sri Winiarsih" <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
> Muhun, kumaha pami di kebon raya bogor?..asa teu acan kacumponan
ti baheula hayang kadinya teh..
>
> NIa
>
> -----Original Message-----
> From: durahman [mailto:[EMAIL PROTECTED]
> Sent: Wednesday, February 09, 2005 4:17 AM
> To: [email protected]
> Subject: Re: [Urang Sunda] RENCANA KOPDAR US DI JAKARTA, PING 26
> FEBRUARI 2005
>
>
>
> wah...di hotel. Kumaha mun di alam terbuka? Misalna di kebon raya
bogor, di
> ragunan, atawa di taman mini. kan leuwih asik sigana. Bisi bade
meeting
> didinya pan bisa oge. Tinggal urang mawa...white board, spidol,
> jeung....towa? Jaba mun ditempat siga kieu mah moal aya kuota-
kuotaan.
>
> walama,
> durachman
>
>
> ----- Original Message -----
> From: "Ikmal" <[EMAIL PROTECTED]>
> To: <[email protected]>; <[email protected]>
> Sent: Monday, February 07, 2005 9:43 PM
> Subject: [Urang Sunda] RENCANA KOPDAR US DI JAKARTA, PING 26
FEBRUARI 2005
>
>
> >
> > Assalamu'alaikum baraya sadayana......
> > abdi kapapancenan ku kang tirta kanggo ngabewarakeun rehna, bade
> > diayakeun pasamoan
> > tempat di : Hotel Santika, Slipi - jakarta Barat
> > Ping : 26 Februari 2005
> > Tabuh : 8.00 - 17.00 WIB (ngarah rineh sareng salse)
> > Kuota kanggo : 15 jalmi
> > Infak : minimal Rp. 50.000 rupia
>
>
>
>
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

