Muhun Kang,

Upama urang arek resep kana model informasi ngagogoreng agama batur, 
lain sakuduna urang oge samemehna ngabalitungkeun yen hiji mangsa 
tangtu aya batur anu ngogoreng agama urang. Naha urang arek resep 
oge upama kitu? apan heunteu, lain?. Upama diteruskeun, antukna 
baris ngalahirkeun perang ngagogoreng antara panganut agama jeung 
agama anu dianutna. Apan heunteu produktif lain peta kitu teh?

Ti heula kungsi posting sababaraha kali, katajina ku hiji agama teh 
ulah karana da'wah anu emosional alias ngagegedekeun rasa. Nyepeng 
agama kalawan ngagegedekeun rasa gampang kahudang ku soal "rasa" 
deui. Anu asup hiji agama atawa nguatan kayakinan nyepeng agama 
karana kataji ku da'wah anu migunakeun cara-cara ngeleketek emosi, 
gampang robah deui upama datang (deui) hiji da'wah anu sifatna 
ngahudang emosi. Emosi lain teu penting, ngan kaajegan kayakinan 
agama mah datangna tina hasil migunakeun akal. Kulantaran kitu, dina 
Al-Qur'an mangpirang-pirang parentah sangkan manusa migunakeun 
akalna. Kayakinan saba'da goncang akal baris kacida pengkuhna.

Geus mindeng pisan dicaritakeun, yen dimensi pang pentingna dina 
agama Islam teh nyatana urusan sosial tea, urusan laku lampah dina 
kaiatanana jero hirup kumbuh jeung papada manusa. 90% ayat-ayat Al-
Qur'an teh nguruskeun atawa marentahkeun ngawangun hubungan 
masyarakat atawa perkara sosial anu sae tea. Naha geuningan ari aya 
jejer urusan bebeneran/kayakinan/agama anu lain ngobrolkeun cara-
cara mageuhan/nyambungkeun silaturahim mah mani haripeut pisan boh 
nangkis atawa ngahaminan jejer teh? Si kuring nandeskeun sakali deui 
yen seja ngahaminan jejer agama atawa nyieun jejer anyar ngeunaan 
agama teh rek dipaju upama dina raraga nyambungkeun silaturahim bae.

Baktos,
manAR   

--- In [email protected], Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> 
wrote:
> 
> Panuju Kang oman abdi kana pamadegan kang oman teh!
> urang mah salaku umat islam ulah asa pangbenerna. nu
> penting mah buktikeun ka agama lain yen islam teh
> agama anu pangbenerna. kumaha carana? nyaeta ulah
> ngagogoreng agama batur. 
> 
> deny
> 
> 
> 
> > 
> > 
> 
> 
> 
>               
> __________________________________ 
> Do you Yahoo!? 
> Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search.
> http://info.mail.yahoo.com/mail_250





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
DonorsChoose. A simple way to provide underprivileged children resources 
often lacking in public schools. Fund a student project in NYC/NC today!
http://us.click.yahoo.com/5F6XtA/.WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke