Kapihatur Kang Manar,
Panuju pisan kana sadaya penjelasan akang di handap.
Sim kuring nuhunkeun dihapunten kana sadaya omongan
kuring kamari, bilih tos nyigeung manah Kang Manar.
Rumasa kang sim kuring mah togmol, tapi dasarna ku
kanyaah, lain ku kangewa (kuring boga gelar
"BULDOZER", sebutan ti bos di kantor, ku alatan togmol
tea, tapi alhamdulillah dipake terus tepikeun ka
anjeunna pangsiun) . Leres pisan urang kudu sauyunan,
lamun aya kasalahan kudu bisa silih geuingkeun + silih
hampura. 

Wassalam
Jaka

--- Oman Abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> 
> 
> Kang Jaka, Kang Yudi, oge nu sanesna,
> 
> Muga urang ulah kapapanjangan nya dina hal ieu.
> Mangga sim kuring 
> bade ishlah atanapi klarifikasi. Anu kahiji, naon
> anu didugikeun ku 
> Ibu Hj. Irene Handono tiasa janten leres sadayana.
> Dina leresan ieu, 
> teu pisan-pisan si kuring nuduh anjeunna salaku
> ngajejeleh agama anu 
> sanes (agama kristen anu tadina dianut ku anjeunna).
> 
> 
> Dina leresan jejer ieu oge, maksad sim kuring anu
> utami, anu mungkin 
> heunteu katangkes tina kandungan posting kuring ti
> heula, nyaeta yen 
> mugi ummat Islam heunteu kabengbat teuing ku
> warta-warta saperti 
> kitu. Jelasna, anu dipiharep teh sangkan urang
> sadaya salaku ummat 
> Islam fokus kana dimensi anu pang pentingna dina
> Islam, nyaeta 
> nyambungkeun tali kaasih. Tina posting si kuring ti
> heula, aya sari 
> anu (mungkin) kapahamna ku anu maraos teh salaku
> ngajejeleh ummat 
> anu sejen teh, teu aya sanes dina raraga peryogina
> klarifikasi, sok 
> bilih eta warta teh heunteu leres. Anapon upami
> nyata-nyata parantos 
> leres mah nya tangtu si kuring oge sakuduna ngabela
> Islam. Kukituna, 
> hapunten sok bilih posting sim kuring anu tiheula
> nimbulkeun salah 
> paham.   
> 
> Ngeunaan kumaha sikep Rosululloh saw kana hinaan
> ummat non-muslim 
> salaku tuladaneun, aya dua katangtuan anu kailo tina
> as-Sunnah. Anu 
> kahiji, upama eta hinaan teh larapna kana diri
> anjeunna salaku 
> manusa (basariyah-na Rosululloh saw), anjeunna sok
> ngahapunten. 
> Contonam riwayat nalika anjeunna nuju da'wah ka
> masyarakat Thaif. 
> Nalika Rosululloh saw ditawisan ku malaikat
> ngabantosan nyiksa eta 
> urang Thaif, anjeunna heunteu kersaeun. Anjeuna
> malah ngahapunten ka 
> urang Thaif. Atanapi, riwayat mashur anu nyarioskeun
> aya saurang ti 
> golongan yahudi anu bade nelasan anjeunna ku pedang,
> seug eta pedang 
> teh karebut ku Roslulloh saw, namung Rosululloh saw
> malah teras 
> ngahampura eta jelama.
> 
> Tapi, aya kajantenan anu nuduhkeun hiji Sunnah,
> nyaeta nalika di 
> Madinah Rosululloh ka laporan ku ummatna yen aya
> Yahudi anu ngahina 
> Islam, Rosululloh miwarang eta si Yahudi teh dihukum
> teukteuk 
> beuheung (tangtos bae saba'da klarifikasi).
> Kukituna, mangga si 
> kuring oge ngiringan kana sikep perluna nanjeurkeun
> hukum Islam dina 
> raraga amar ma'ruf nahyi munkar sarupi conto Sunnah
> Rosul anu nembe 
> dicarioskeun. Namung, tina Sunnah Rosul saw oge
> urang kenging conto, 
> yen pikeun nanjeurkeun amar ma'ruf nahyi munkar
> sarupi kitu teh 
> urang peryogi kakuatan sareng kakawasaan. Mangga,
> yen Rosululloh saw 
> heunteu ngahukuman pisan-malahan ngahapunten ka
> jalmi anu 
> ngahina "diri ajeunnna" salaku manusa (Basariyah
> anjeunna), namung 
> ngahukuman kalawan sanget pikeun manusa anu ngahina
> Islam, ieu 
> turutaneun sareng emutaneun urang.
> 
> Anu kadua, aya sababaraha hal anu kedah
> ditimbangtaraju dina mayunan 
> warta-warta sapertos "kasus" Ibu Hj. Irene tea. Anu
> kahiji (tina anu 
> kadua ieu), satemenna, dina agama naon bae oge laku
> nyeleweng teh 
> aya. Namung, tangtu urang sadayana mafhum, yen upama
> aya anu lepat 
> teh, sanes agama (dugi ka wates-wates tinangtu)-na
> anu lepat, namung 
> anu nganutna anu gaduh laku nyeleweng atawa lepat.
> Upama bae, dina 
> Islam, upama ayeuna ummat Islam Indonesia kasebat
> pangseueurna, tapi 
> korupsi kaasup pang maceuhna di Indonesia (anu tos
> kabuktian yen 
> diantara anu ngalakukeun korupsi teh seueur jalmi
> anu ngaku muslim), 
> tangtu sanes agama Islam-na anu lepat, namung anu
> nganutna anu 
> ngalakukeun eta kajahatan anu lepat. 
> 
> Dina leresan agama Kristen, memang kayakinan ummat
> Islam sadaya, 
> kalebet abdi oge, yen agama Kristen (anu ayeuna
> saba'da sampurnana 
> agama ku sumpingna agama Islam anu dicandak ku
> Kangjeng Nabi 
> Muhammad sawe) teh lepat. Namung, ulah hilap,
> Al-Qur'an dina Surah 
> Al-Maidah ayat 82, netelakeun yen diantara ummat anu
> sanes ummat 
> Islam anu pangcaketna sosobatanana sareng
> jalmi-jalmi anu ariman 
> taya lian ti urang Nasrani. Mangga geura urang cutat
> tarjamahan eta 
> ayat:
> 
> "Satemenna anjeun baris manggihan yen golongan
> jelema anu pangkuatna 
> ngamusuhan ka anu ariman teh (taya lian) ti golongan
> Yahudi sareng 
> golongan Musyrik. Jeung satemenna anjeun baris
> manggihan yen 
> golongan jalmi-jalmi anu pangcaketna sosobatan ka
> anu ariman teh eta 
> jalmi-jalmi anu nyarita:"Satemenna ieu kami 
> golongan Nasrani". Anu 
> kitu teh kulantaran diantara maranehanana (golongan
> Nasrani) aya 
> pendeta-pendeta jeung rahib-rahib, jeung oge
> satemenna (kulantaran) 
> maranehanana heunteu sarombong" (tarjamahan
> Al-Qur'an, Surah Al-
> Maidah, ayat 82).
> 
> Ayat anu dicutat di luhur SANES ngajelaskeun yen
> naon anu didugikeun 
> ku Ibu Hj. Irene teh bohong, atawa ngajejeleh agama
> Kristen. Ayat di 
> luhur dicutat pikeun nguatkeun pamadegan yen
> satemenna anu salah 
> (baca: kacida salahna) teh dina agama, mindengna mah
> nya pemelukna 
> (atawa anu ngaku-ngaku nganut hiji agama). Aya
> harepan (dumasar Al-
> Qur'an) yen ummat Nasrani leuwih deukeut
> sosobatanana jeung anu 
> ariman, upama maranehana tumut ka Pendeta-pendeta
> jeung rahib-
> rahibna anu sakabehna heunteu sarombong.
> 
> Anu kadua, kedah dibedakeun antara muslim (asup
> Islam) sareng mumin 
> (geus ariman). Urang dipaparin ugeran ku Pangeran
> ngalangkungan 
> Rosul-Na saw, yen iman teh heunteu gampil, tapi
> lebet atawa ngaku 
> Islam-mah gampang. Dina surah Al-Hujurot (Surah ka
> 49) ditetelakeun 
> riwayat urang Arab Badui (badwi, penduduk asli Arab
> harita) anu 
> ngaku geus ariman, tapi dicawad. Mangga bae ilo ieu
> cutatan ayat 14 
> Surah Al-Hujurot (Al-Qur'an):
> 
> "Urang Arab Badui teh nyarios:"Kami geus iman".
> Ucapkeun (ku anjeun) 
> ka eta urang Arab Badui"Aranjeun encan ariman, tapi
> ucapkeun (ku 
> aranjeun):abdi sadaya parantos tunduk', karana iman
> teh can asup ka 
> jero hate aranjeun, jeung lamun aranjeun ta'at ka
> Alloh jeung Rosul-
> Na, Anjeun-Na moal ngurangan saeutik oge (kana
> balesan) amal-amal 
> aranjeun; satemenna Gusti Alloh eta anu Maha
> Ngahampura jeung Maha 
> Mikawelas".
> 
> Emut, yen eta ayat di luhur teh saruntuyan sareng
> parentah perluna 
> urang tabayyun atawa klarifikasi kana hiji warta anu
> dicandak ku 
> jelema-jelema anu fasik (sacara umum, parentah kudu
> ati-ati dina 
> nyaring informasi). Kukituna, hampura upama posting
> anu ti heula 
> eusina matak nimbulkeun salah komunikasi. Teu aya
> sanes, 
> mataholangna posting si kuring ti heula jeung anu
> ayeuna, upama 
> diringkeskeun, sarupi kieu:
> 
> 
=== message truncated ===



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Mail - 250MB free storage. Do more. Manage less. 
http://info.mail.yahoo.com/mail_250


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give the gift of life to a sick child. 
Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.'
http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke