Baraya,
Ngeunaan usaha-usaha kristenisasi ti pihak itu pakait jeung daya tahan ummat Islam, ras inget hiji hadist anu ngadugikeun kajantenan Rosululloh saw nalika nuju haji wada, nalika anjeunna saw nuju di Masya'aril Haram. Dina hadist-hadist anu masyhur, disebatkeun yen Masy'aril Haram teh hiji tempat anu wajib disindangan (diwengian) ku masing saha bae anu nuju ngalaksanakeun ibadah haji. Numutkeun hadist, sing saha bae ummat Islam anu ngado'a di Masy'aril Haram, do'ana pasti diijabah ku Alloh swt. Nami Masy'aril Haram kaunggel dina Al-Qur'an, surah Al-Baqoroh, dina runtuyan ayat-ayat ngeunaan ibadah haji. Jejer ieu ti heula kungsi dipostingkeun. Numutkeun hadist nu jadi jejer, nalika Kangjeng Nabi saw nuju di Masy'aril Haram anjeunna ngadu'a/ngadugikeun pamundut ka Gusti Alloh SWT pikeun kamaslahatan ummat Islam. Aya 3 pamundut Kangjeng Nabi saw anu harita didugikeun, ngan, numutkeun eta hadist, pamundut anu dua ditedunan, sedengkeun pamundut anu katilu heunteu ditedunan- jalaran pamundut anu katilu mah wangsul deui ka manusa/ummatna tea. Dua pamundut anu ditedunan teh nyaeta anu kahiji, Kangjeng Nabi saw ngadu'a sangkan ummat Islam heunteu dugi ka ludes alatan kalaparan. Eusi waleran Gusti Alloh SWT kl langkung kieu (content-na, da ari kecap hadist saujratna mah rumasa heunteu kalatalar):"Seug diijabah eta pamenta teh da urusan rezeki (kadaharan) mah urusan kami. Pon kitu deui, pamundut anu kadua, anu didinya Kangjeng Nabi Muhammad saw ngadu'a sangkan ummatna ulah nepi ka seep alatan katarajang nerekabna panyakit. Eta oge ditedunan kalawan waleran (alesan) Gusti Alloh yen soal kasakit mah eta murni urusan Anjeun-Na. Tah, ngeunaan pamundut anu katilu, anu heunteu ditedunan tea, eusina nyaeta kl kieu: Kangjeng Nabi Muhammad saw ngadu'a sangkan ummatna ulah lemah atawa nepi ka ancur kulantaran papaseaan diantara maranehanana (ummatna). Katerangan ti Gusti Alloh nalika heunteu nedunan eta pamundut-content-na kl kieu: ari papaseaan mah tadina oge alatan maranehanana (ummat Kangjeng Nabi saw). Jadi, pikeun nyegah ancurna ummat Islam karana papaseaan diantara maranehana teu aya sanes kudu ku ummat Islam deui, nyatana kudu ishlah tea. Kukituna, rupina, usaha-usaha kristenisasi mah tepi ka iraha bae oge baris aya, da eta mah geus kitu kaayaanana ujian dina jero kahirupan urang. Namung, kuat heunteu-na ummat Islam ngawalan eta usaha-usaha kristenisasi, gumantung "persatuan" jeung "kesatuan" jero ummat Islam ku anjeun. Papaseaan jero waruga ummat Islam taya lian ti hiji kaayaan anu kalintang baris ngamaliranana kana kajugalaan usaha- usaha samodel kristenisasi. Pamugi salamina urang kalebet jalmi- jalmi anu nyambungkeun tali kaasih, silaturahim diantara ummat anu saagama, jembarna jeung papada ummat anu cinta kana bebeneran jeung kamanusaan. Baktos, manAR --- In [email protected], "kangheri" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > dulur-dulur seler sunda, hapunten forwad-an dihandap ieu henteu > sempet di tarjamahkeun. > > kristenisasi teh geuning mani agresip jeung ter-organisir. > metode na lain sakadar `indomie` deui geuning ayeuna mah. > urang sunda anu ngagem agama islam kudu ati-ati,.... > > salam, > > budak sukabumi > > -------------------------------------------------- > From: Miftah al-Zaman <[EMAIL PROTECTED]> > Date: Sat Jan 29, 2005 4:42 am > Subject: Cara Kristenisasi > > Dear all, > > Di bawah ini saya sertakan "cara kristenisasi" yang > saya ambil dari buku "Muslims and Christians at The > Table, Promoting Biblical Understanding among North > American Muslims" oleh Bruce A McDowell dan Anees > Zaka, penerbit P & R Publishing (October 1, 1999), > hal. 173 - 186. > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/mGEjbB/5WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

