Sami Akang-akang, panuju abdi oge.
Mung punten Akang2, dina tataran kayakinan mah, abdi mah bade keukeuh yakin agama Islam (kalebet syariatna) teh pangbenerna da eta mah akidah. Pami teu kitu keur nanahaon abdi cape2 shalat, puasa, manjangkeun silaturahmi, teu meunang suudzon, kedah negakkeun adil, teu meunang korupsi, teu menang nyiduh di tengah jalan, teu ngaroko, teu kumpul kebo, teu gay sareng teu ujug2 maehan nonmuslim unggal panggih jst.
Naha teu tiasa kitu teteg tapi damai? Ah tiasa, da sami sareng Akang2, abdi percanten yen sanaos yakin agama urang pangleresna, dina masalah sadidinten (muamalah) mah muhun kedah ngutamakeun adil sareng silaturahmi. Sumanget-na al Qur'an teh damai sanes? Upami teu lepat mah pan dina ngadakwahkeun agama ge kedah ku hikmah (QS surat... ayat...) nu damai tea. Percanten Akang2 tos neuleuman ayat2na.
Pamendak abdi teh puhuna mah kieu: kayakinan yen Islam (atanapi agama sewang2an) teh pangleresna wajar da eta alesan paling poko jalmi nyepeng hiji agama. Tapi abdi yakin, agama urang oge ngajarkeun adil sareng takwa dina kahirupan sadidinten: umat Islam teu leuwih punjul tibatan umat sanes di payuneun hukum, pami salah nya dihukum. Jihad nu pangutamana ayeuna ngawujudkeun akhlak Islami dina kahirupan sadidinten supados janten landasan sosial pikeun hukum2 nu ngajamin kaadilan di nagara urang.
Paralun Akang2, upami abdi bade mayunkeun emosi mah, kanyataan hirup ayeuna di Palestina, Iraq, Chechnya, Cyprus-Turki, Bosnia, Amerika, Kashmir, Lebanon, Darfur, Kosovo, Maluku tangtos janten poko bahasan abdi dina diskusi ieu. Seueur pamikir2 Islam nu nembe dina tataran yakin yen agamana teh jalan hirup keur balarea tos dianggap fundamental, ekstrimis nu ngancam perdamaian dunia. Tapi kunaon mangjuta2 umat Islam nu tos nyata2 ditandasa, pangadilan jeung kaadilan teh asa hawar2 jeung alon pisan? Sanes perang agama cenah! Haaaaaar ... da nu ditaros teh pangadilan sareng kaadilan, sanes bade bales dengdem merangan umat agama sanes??
Sieun abdi teh ditaros ku Al Qur'an: naha eta dulur maneh ditandasa tanpa alesan nu jelas geuningan maneh meni teu kecet-kecet? Padahal teu terang abdi teh iraha ditarosna. Kumaha mun ayeuna? paur...
Sieun abdi teh ditaros ku Al Qur'an: naha eta dulur maneh ditandasa tanpa alesan nu jelas geuningan maneh meni teu kecet-kecet? Padahal teu terang abdi teh iraha ditarosna. Kumaha mun ayeuna? paur...
Mangga, punten sanes bade mapagahan ngojay ka lauk, mung bade klarifikasi niat abdi posting Irene teh saukur ngimbangan info, teu pisan2 bade ngahasut batur ngagogoreng agama sanes. Percanten dulur bakUS tiasa milah, milih sareng nyikepan mana nu goreng mana nu sae ti na hiji informasi. Pami teu kieu, iraha urang tiasa info nu leres? majukeun damai runtut raut tapi info dipendet? Ulah ah, mending oge: buka info sajelas2na tapi ku cara2 damai. Koncina: pendidikan .. Cag...
Baktos
Yudi
(khususon kanggo Kang Oman: nyuhunkeun papagah dina raraga teras2an diajar hirup sareng kahirupan)
--- In [email protected], "Oman Abdurahman" wrote:
> Muhun Kang,
Upama urang arek resep kana model informasi ngagogoreng agama batur, lain sakuduna urang oge samemehna ngabalitungkeun yen hiji mangsa tangtu aya batur anu ngogoreng agama urang. Naha urang arek resep oge upama kitu? apan heunteu, lain?. Upama diteruskeun, antukna baris ngalahirkeun perang ngagogoreng antara panganut agama jeung agama anu dianutna. Apan heunteu produktif lain peta kitu teh?
Ti heula kungsi posting sababaraha kali, katajina ku hiji agama teh ulah karana da'wah anu emosional alias ngagegedekeun rasa. Nyepeng agama kalawan ngagegedekeun rasa gampang kahudang ku soal "rasa" deui. Anu asup hiji agama atawa nguatan kayakinan nyepeng agama karana kataji ku da'wah anu migunakeun cara-cara ngeleketek emosi, gampang robah deui upama datang (deui) hiji da'wah anu sifatna ngahudang emosi. Emosi lain teu penting, ngan kaajegan kayakinan agama mah datangna tina hasil migunakeun akal. Kulantaran kitu, dina Al-Qur'an mangpirang-pirang parentah sangkan manusa migunakeun akalna. Kayakinan saba'da goncang akal baris kacida pengkuhna.
Geus mindeng pisan dicaritakeun, yen dimensi pang pentingna dina agama Islam teh nyatana urusan sosial tea, urusan laku lampah dina kaiatanana jero hirup kumbuh jeung papada manusa. 90% ayat-ayat Al- Qur'an teh nguruskeun atawa marentahkeun ngawangun hubungan masyarakat atawa perkara sosial anu sae tea. Naha geuningan ari aya jejer urusan bebeneran/kayakinan/agama anu lain ngobrolkeun cara- cara mageuhan/nyambungkeun silaturahim mah mani haripeut pisan boh nangkis atawa ngahaminan jejer teh? Si kuring nandeskeun sakali deui yen seja ngahaminan jejer agama atawa nyieun jejer anyar ngeunaan agama teh rek dipaju upama dina raraga nyambungkeun silaturahim bae.
>
Baktos, manAR

--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Easier than ever with enhanced search. Learn more.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.