sabenerna mah, istilah feminisme, atawa jamaliyah tea saur kang Oman, beda jeung naon nu mucunghulna ti kulon. ari batur mah lumpatna nepi ka women's lib tea. di urang mah teu nepi ka kitu. da meureun teu pati karasa -dina ayana- soal diskriminasi gender di urang.
US loba nu teu resep kanu nyandung. enya. malah loba gogonjakan nu nembongkeun teu panuju kana kalakuan eta. naha? sigana, nya sikep US nu pro atawa mihak ka indung. tada teuing nyerina hate indung nu ku bapa dicandung, didua-ditilu tea. komo mun lumpat ka mitologi US: tokoh pangluhurna dina mitologi US, nya Sunan Ambu tea. Sunan ieu mah istilah pikeun tokoh sakral, nu bisa jadi nginjem ti istilah jawa (atawa jawa nginjeum ka sunda) siga Sunan Kalijaga, Sunan Giri, jeung saterusna. Ambu teh lambang indung. teu pati nembongkeun harti pamajikan atawa istri. tapi leuwih ka harti indung nu ngandung nu ngurus nu mirosea. hartina, US leuwih deukeut (nya sikep feminis tea we lah) ka indung. ieu saluyu jeung ajaran nabi, kudu mikanyaah (nepi ka tilu lipet) ti ka bapa tea. Oge dina sikep pulitis, atawa bukti yen US teu loba nu jadi pamingpin dina riungan nasional, meureun eta oge patali atawa bukti sikep miindung/feminisme nu sebut we sok ngelehan tea (anggap ieu teh siga sikep indung ka anak) kecap Pamajikan Enya, sanajan US atawa adat US angger make sistem milu ka bapa, patrilineal tea, loba hal nu nunjukkeun peran atawa status indung leuwih kandel atawa kuat. sanajan aya deui pamanggih nu ngebrehkeun saolah-olah peran bapa leuwih gede atawa kuat, tapi mun urang ngilikan beh jero, asana indung tetep dominan. di imah. pamajikan, kaci lah ti kecap majikan atawa bisa jadi ti aji, jelema nu kudu diaji, diajenan (harti sunda nu ieu mah, lain di kaji/dipelajari, sanajan bisa oge), nu teges,nya kudu dipihormat. mj http://geocities.com/mangjamal ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children's Research Hospital's 'Thanks & Giving.' http://us.click.yahoo.com/lGEjbB/6WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

