Leres pisan kang Yudi, urang kedah yakin ibadah nu dipidamel ku urang 
teh bener, henteu salah. Da keur naon dipidamel ari teu yakin mah. 
Ngan panginten masalahna, urang kedah gaduh emutan oge, batur nu beda 
jeung urang, tangtosna oge gaduh kayakinan yen sagala nu dipigawe ku 
manehna oge bener. Didieu masalahna sadayana ngarasa bener, bener 
ceuk ukuran masing-masing. Lamun diadukeun, kulantaran sadayana 
ngarasa bener, tungtungna pasea malah lamun ditingkat nu leuwih gawat 
mah jadi tawuran atawa tiasa jadi "tawuran akbar" alias perang tea. 
Tah kumargi eta Kang Oman nyandak jalan tengah, silaturahmi nu kedah 
diageungkeun, keun we masalah mana nu bener jeung mana nu salah mah 
aya dina hate sanubari masing-masing. Kinten-kinten kitu panginten 
Mama ManAr?

Kuring sering maca atawa nguping perkawis kajadian di Bosnia, 
Chechnya, Kosovo dugi ka kajadian di Maluku, ayeuna di Darfur Sudan 
disahompet-daunkeun saolah-olah Islam ditandasa ku umat nu lain. Ceuk 
kuring mah ieu teh ukur "menyesatkan", kulantaran kajadian-kajadian 
ieu henteu "hideung-bodas". Seueur faktor nu mangaruhan di tiap 
kajadian jeung henteu saling berhubungan.

Kajadian entnic cleansing di Bosnia, sabenerna teu leupas ti 
mumusuhan urang Serbia jeung urang Bosnia ti kapungkurna. Urang 
Serbia boga dendam kumargi waktu nagara-nagara Balkan ieu diserebu 
jeung dijajah Turki urang Bosnia mantuan Tantara Turki, nu kabeneran 
geus kakoncara ku katelengesanana. Ieu dendam diturunkan ka anak 
incuna, nu akhirna "meledak" waktos Yugoslavia bubar. Atuh waktu 
kajadian etnic Cleansing di Bosnia, nu memeres saleresna mah nagara-
nagara Barat kalebet Amerika nu neken Serbia. Jadi ceuk kuring mah 
teu aya relevansina antara Bosnia jeung Palestina atawa jeung di 
afganistan. Paling-paling kajadian di Bosnia aya hubunganana jeung 
Kosovo, margi sami-sami di Balkan.

Darfur di Sudan? tah nu ieu mah, milisi Arab nu didukung ku 
pamarentah Sudan, ngusiran urang hideung ti lemburna, tepi ka ngabrul 
ngarungsi ka nagara tatangga. Kuring kungsi maca judul wartos nu kira-
kira judulna kieu "Urang Arab Muslim ngusiran Muslim Non Arab di 
Darfur". Sudan, nagara nu di beulah kaler didominasi urang Arab 
sedengkeun beulah kidulna didominasi ku urang hideung (negro) ayeuna 
keur disorot ku dunya, kulantaran henteu bisa mereskeun soal etnic 
cleansing urang hideung  ku urang Arab di Darfur. 

Seueur keneh, ngan panjang teuing ......

-WALUYA-   


--- In [email protected], yud! <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Sami Akang-akang, panuju abdi oge. 
> Mung punten Akang2, dina tataran kayakinan mah, abdi mah bade 
keukeuh yakin agama Islam (kalebet syariatna) teh pangbenerna da eta 
mah akidah. Pami teu kitu keur nanahaon abdi cape2 shalat, puasa, 
manjangkeun silaturahmi, teu meunang suudzon, kedah negakkeun adil, 
teu meunang korupsi, teu menang nyiduh di tengah jalan, teu ngaroko, 
teu kumpul kebo, teu gay sareng teu ujug2 maehan nonmuslim unggal 
panggih jst.  






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Give underprivileged students the materials they need to learn. 
Bring education to life by funding a specific classroom project.
http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke