Punten Kang Waluya,
Pami teu lepat di paragraf kadua seratan abdi intina sami sareng seratan Kang Oman atanapi seratan Akang di handap ieu: kayakinan urang samata2 yen agama Islam teh pangleresna teu tiasa janten alesan pikeun urang ngarasa punjul ti umat sanes dipayuneun hukum dina kahirupan sadidinten (siga di Darfur tea). Perkawis perang mah ti kamari tos saluyu teu tiasa dijantenkeun cara nu utami. Pami teu lepat deui abdi teh nyabit-nyabit Irak, Darfur jst diiringan ku kalimah "upami bade mayunkeun emosi". Kitu panginten.
Sakali deui, sapagodos abdi teh sareng cara2 damei janten panginten teu kedah dipapanjang deui padungdeng teh. Paralun teu aya niat bade calutak teu sopan ka sepuh. Nuju diajar diskusi nu sae ieu teh.
Kahatur baktos sareng hapunten ka sadaya bilih aya kecap nu kirang sae.
Baktosna Yudi
\--- In [email protected], "waluya56" <[EMAIL PROTECTED]...> wrote:
>
> Leres pisan kang Yudi, urang kedah yakin ibadah nu dipidamel ku urang
> teh bener, henteu salah. Da keur naon dipidamel ari teu yakin mah.
> Ngan panginten masalahna, urang kedah gaduh emutan oge, batur nu beda
> jeung urang, tangtosna oge gaduh kayakinan yen sagala nu dipigawe ku
> manehna oge bener. Didieu masalahna sadayana ngarasa bener, bener
> ceuk ukuran masing-masing. Lamun diadukeun, kulantaran sadayana
> ngarasa bener, tungtungna pasea malah lamun ditingkat nu leuwih gawat
> mah jadi tawuran atawa tiasa jadi "tawuran akbar" alias perang tea.
> Tah kumargi eta Kang Oman nyandak jalan tengah, silaturahmi nu kedah
> diageungkeun, keun we masalah mana nu bener jeung mana nu salah mah
> aya dina hate sanubari masing-masing. Kinten-kinten kitu panginten
> Mama ManAr?
>
> Kuring sering maca atawa nguping perkawis kajadian di Bosnia,
> Chechnya, Kosovo dugi ka kajadian di Maluku, ayeuna di Darfur Sudan
> disahompet-daunkeun saolah-olah Islam ditandasa ku umat nu lain. Ceuk
> kuring mah ieu teh ukur "menyesatkan", kulantaran kajadian-kajadian
> ieu henteu "hideung-bodas". Seueur faktor nu mangaruhan di tiap
> kajadian jeung henteu saling berhubungan.
>
> Kajadian entnic cleansing di Bosnia, sabenerna teu leupas ti
> mumusuhan urang Serbia jeung urang Bosnia ti kapungkurna. Urang
> Serbia boga dendam kumargi waktu nagara-nagara Balkan ieu diserebu
> jeung dijajah Turki urang Bosnia mantuan Tantara Turki, nu kabeneran
> geus kakoncara ku katelengesanana. Ieu dendam diturunkan ka anak
> incuna, nu akhirna "meledak" waktos Yugoslavia bubar. Atuh waktu
> kajadian etnic Cleansing di Bosnia, nu memeres saleresna mah nagara-
> nagara Barat kalebet Amerika nu neken Serbia. Jadi ceuk kuring mah
> teu aya relevansina antara Bosnia jeung Palestina atawa jeung di
> afganistan. Paling-paling kajadian di Bosnia aya hubunganana jeung
> Kosovo, margi sami-sami di Balkan.
>
> Darfur di Sudan? tah nu ieu mah, milisi Arab nu didukung ku
> pamarentah Sudan, ngusiran urang hideung ti lemburna, tepi ka ngabrul
> ngarungsi ka nagara tatangga. Kuring kungsi maca judul wartos nu kira-
> kira judulna kieu "Urang Arab Muslim ngusiran Muslim Non Arab di
> Darfur". Sudan, nagara nu di beulah kaler didominasi urang Arab
> sedengkeun beulah kidulna didominasi ku urang hideung (negro) ayeuna
> keur disorot ku dunya, kulantaran henteu bisa mereskeun soal etnic
> cleansing urang hideung ku urang Arab di Darfur.
>
> Seueur keneh, ngan panjang teuing ......
>
> -WALUYA-

--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]
Do you Yahoo!?
Yahoo! Search presents - Jib Jab's 'Second Term'
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.