Rudy Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
************************************************
Assalamu'alaikum Wr. Wb.
Haturan baraya saalam dunya saalam maya.
Mugia sakumna baraya lembur aya dina ginuluran rahmat ti mantena.
Amin!
....tapi na.................. Alhamdulillah...... heuheuy deuh!!! enya...pareng oge kuring bisa nganjang ka 'wa oman....[{(kumaha wa damang? hapunten nu kasuhun uwa, waktosna samporet pisan kamari teh, janten teu kangtos nepangan uwa deui..... sakali deui hapunten!!! insya alloh info-info nu sanes, nu kangtos dibadantenkeun di rorompok uwa, insya alloh panginten dijaprikeun bae ku sim kuring dina waktos kapayun)}].....pareng oge si kuring kukurilingan di bandung, bogor,
banten..... pareng oge papanggih jeung babaturan, guru, dulur... boh dina dihajana boh heunteuna!!
Harita teh si kuring teu ngahaja nganjang ka wa deden (dulur ti gigir) anjeuna mah disambat guru teh da embungeun, hayangna mah tukeur pikiran bae cenah. Aya nu rada aheng ti wa deden teh... anjeuna mah apal kasundaan teh ceunah dipaparin warta ti alam goib.... si kuring mah percaya teu percaya..... tapi mun di cocogkeun panimu anjeunna jeung pamanggih kuring, ningan teu beda jauh hasilna teh. Teu saeutik obrolan kasundaan jeung anjeunna teh, salah sahijina ngaguar masalah sunda nu aya di panca buana tengah, nepi keun anjeunna ngawanohkeun saha ari dalem bandung teh nu disebut sunan ambu sunan bandung?
Saacan balik teh, si kuring dipaparin sababaraha buku keur dipotokopikeunneun, salah sahijina buku kaislaman dina basa sunda, nu cenah ceuk anjeuna eta buku teh tingkesan ti layang muslimin-muslimat jeung sasauran susuhunan gunung jati.
Mun ditilik-tilik mah buku eta teh sigana keur jalma nu keur ngaji elmu hakekat. Teu pira si buku teh ngeun 39 kaca, tapi si kuring teh diomat-omat pisan ku wa deden, cenah....ulah sabaca-bacana maca eta buku teh, kudu dilenyepan ku uteuk tugna ka qolbu. Si kuring oge ngahanca sa kaca teh teu bisa ningan kana sapoe dua poekeunneun.
Ti layang muslimin-muslimat jeung sasauran susuhunan gunung jati, si buku teh di judulan BUKU KASEPUHAN, dipeureut jadi 39 kaca teh ku yasana alm. Rd. Tirtakusuma nu ditungtaskeun ping 25 januari 1946.
Ke lah sugan aya waktu, urang "scan" terus dikirimkeun ka lembur, diaduronyemkeun, sugan bae aya mangfaatna????.....enya kitu oge mun di idinan ku Ki Kuncen jeung baraya lembur.Kitu sanes Ki??
Sakitu heulaanan siganamah baraya, ke mun pareng urang teruskeun deui.
Wassalam,
-pun adi-
********************************************
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
[Non-text portions of this message have been removed]
PENTING..!
attachment akan dihapus & tidak diteruskan kepada seluruh member.
dilarang beriklan. pelanggaran atas peraturan ini akan dikenai sanksi berupa pencabutan membership.
terutama bagi pengguna ms outlook/outlook express, dihimbau untuk selalu mengupdate antivirusnya.
Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - You care about security. So do we.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
| Yahoo! Groups Sponsor | |
|
|
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

