Punten sadayana bilih atos aruninga,
Kamari rerencangan ti Bali ngabejaan yen di BBC aya program nu eusina ngeunaan Sunda. Presenterna bule tapi bisaeun Basa Sunda norolang cenah. Deuh hanjakal teu ningal. Panasaran, diteang di situsna. Lebeng teu aya. Nu aya mah ngeunaan Jugala All Star kenging World Music Award ti BBC Radio International  http://www.bbc.co.uk/radio3/world/awardsjugala.shtml . Lumayan tiasa ngadangukeun lagu "Ningal Gunung" ku Sabah Habas Mustapha (si bule tea meureun nya?) & Jugala All Star, sae. 
 
Kaduana asa iren pedah dulur urang ti seler Jawa geus go international ku Google Basa Jawa. Sihoreng urang Sunda oge tos aya geuning! www.google.com/intl/su/
 
Gorehel deui situs pedaran adat pernikahan Sunda lengkep aya gambar akad, siraman sagala macem (http://www.webway.com.au/wedding/default.htm ) ti nikahana Kang Steven Teh Dessy, meni . Aya di bakUS kitu Teh Dessy teh? 


--------
Yudi,
engkau hanyalah kumpulan dari hari-hari yang terhitung, bila berlalu satu hari, hilanglah pula sebagian darimu [Hasan al Bashri]

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Groups Sponsor
ADVERTISEMENT


Yahoo! Groups Links

Kirim email ke