|
Si Ua Urang Sunda
SOK dilandi Si Ua. Luyu jeung umur nu geus
cueut ka hareup. Lahir 15 M�i 1951, satengah abad geus kaliwat. Najan
tacan kolot-kolot teuing, tapi dipikolot ku sar�r�a.
Teuing kumaha nyarebutna
t�h bet Ua Sas. Ari Sasmita kapan jenengan ramana. Tayohna p�dah ana
nyebut ngaran sok Mamat B. Sasmita ba�. Ngarah ringkesna, puguh w� asa
kurang genah mun t�a mah kudu nyebut Ua Mam. Kuriak kawas budak ngajak
�emam� ka uana.
Si Ua pituin urang Ciawi, Tasikmalaya. Kasebut
urang kampung, ti sisi Walungan Cikidang. Tuh, di tutugan Gunung Sawal.
Keur umur 3 taun pindah ka Bandung jeung sepuhna. Sieun ku gorombolan nu
baheula sok ngagalaksak pilemburan. Nya ti harita matuh di kota ku
�jasana� gorombolan t�a.
Bandung harita puguh w� teu kawas ayeuna. Can
aya t�l�visi, dalah nu boga radio g� wawar�han k�n�h. Minangka hiburan t�h
Si Ua sok ngadangukeun ramana bari lalangkarakan. Ari ibuna mah sok
ngadong�ngna t�h bada magrib, bari ngantosan dur bedug isa. Kitu ba�,
kar�r�ana mah bangsaning dong�ng tina tar�h nabi.
Teu wudu sanggeusna ged� Si Ua resep maca.
Buku-buku basa Sunda antarana mah nu sok dibacana t�h. Sok rajeun meulian,
terus dikumpul-kumpulkeun. Ayeuna aya cenah barang 800-an judul mah bukuna
nu patali jeung kasundaan. Keur Si Ua mah kawilang r�a.
Ngumbara
Ua Sas t�h pakna kana t�hnik. Taun 1971 lulus
ti STM Negeri I, Jl Wahidin, Bandung. Teu terus kuliah. Ongkoh nu matak
sakola di STM g� amb�h t�r�h boga gaw�. Berekah, satamatna ti STM,
katarima di Perumt�l. Jig ka Surabaya, kudu ngulik �lmuning
Radio/Transmisi dua taun lilana, tepi ka hatam taun 1975. Taun 1990 mah
kudu ngumbara ka jauhna pisan, ngulik transmisi satelit/TDMA di Santa
Maria, Kalifornia, Am�rika Serikat. Kungsi k�tang kuliah di jurusan Basa
jeung Sastra Indon�sia di STKIP Jambi, tapi teu nepi ka tamat alatan
kantorna pipindahan ba�.
Tuda jeung enyana tukang ngumbara t�h Si Ua
mah. Geura w� basa mimiti dines taun 1975 ditugaskeun di Pontianak,
Kalimantan Kulon. Ti dinya terus pindah ka Jambi; ka Fakfak, Papua; ka
Mataram, Lombok; ka D�npasar, Bali; ka �nd�, Flor�s. Balik deui ka
D�npasar, terus ka Jakarta taun 1997, pindah ka Surabaya taun 2001. Pokona
mah salila kurang leuwih 23 taun t�h ngan aber-aberan w�, tepi ka m�h
kab�h pulo di Indon�sia, ti Sumatra tepi ka Papua, geus katincak. Kakara
taun 2003 nganjrek deui di Bandung.
Milis Urang Sunda
Kangaranan pagaw� PT T�lkom, puguh w� dalit
pisan jeung t�hnologi komunikasi. Atuh sapopo�na sok rajeun mukaan
intern�t, nyant�lkeun tali mimitran jeung pirang-pirang jalma di jagat
lega.
Dina intern�t t�h aya milis (mailing
list) urang Sunda. Ari milis t�h kawas panglawungan anu ngawujud ku
jalan silih suratan kalawan �l�ktronik. L�g�gna mah surat �l�ktronik alias
e-mail t�a.
Ieu milis dingaranan KUSnet, wancahan tina
Komunitas Urang Sunda dina Intern�t. Adr�sna <urangsunda@
yahoogroups.com>. Minangka cirina anu mandiri, basana basa Sunda,
jejerna patali jeung kasundaan, tur nu paguntrengna urang Sunda.
Si Ua milu jabung tumalapung di dinya ti
mimiti taun 2000. Silih suratan jeung papada urang Sunda di mana ba�
ayana, teu kahalangan ku wates nagara. Dalah nya Si Ua pisan nu kapeto
salah saurang kunc�nna. Moderator, disarebutna t�h.
Minangka moderatorna, Si Ua kalawan sadar
nyoba-nyoba sakamampuhna sangkan milis Urang Sunda t�h enya-enya jadi
m�diana urang Sunda nu sok surfing dina intern�t. Paling cop�lna g� bisa
dijieun ubar kasono ka lemah cai pikeun nu ngalumbara. Atuh susuganan bisa
milu makayakeun basa Sunda deuih.
Ngadegkeun Yayasan
R�a rupana nu diadur�nyomkeun dina milis
KUSnet t�h. Pokona mah naon ba� sakur anu patali jeung unak-anik
kasundaan, kaasup hal kaayaan buku-buku Sunda.
R�a sora, r�a kahayang. Laun-laun bet
ngelemeng kumaha akalna metakeun tar�kah enggoning milu ngamajukeun urang
Sunda. Br�h aya gagasan, kumaha mun nyieun yayasan. Nya dina bulan
P�bruari 2002 Ua Sas saparakanca ngadegkeun Yayasan Perc�ka.
Salah sahiji udaganana anu utama hayang nyieun
pabukon di d�sa-d�sa di Tatar Sunda. Malah kungsi nyobaan medalkeun bukuna
deuih. Geus aya dua nu medal t�h: Sajak, Banyol jeung Sajabana katut
Sura-Seuri Siga S�ro. Dina �ta buku anu dua, sakur tulisan anggota milis
KUSnet diwadahan.
Aya deuih hanca gaw�na anu mibanda sipat
sosial, nya�ta nyayagikeun b�asiswa keur murid sakola dasar (SD). Carana,
mangmayarkeun iuran sakola (SPP) satauneun. Geus aya lima puluh murid SD
di wewengkon Ciamis anu kabag�an �ta b�asiswa. Datana aya di website
<http://yp.urang-sunda.or.id>.
Hanca gaw� s�j�nna nyieun web alias situs
<http://urang-sunda. or.id>. Di dinya nu ngokolakeun �ta situs
mulungan pirang-pirang bacaeun tina perkara kasundaan, kaasup nu meunang
mulungan tina situs-situs lianna.
Kalan-kalan mun aya baraya di Tatar Sunda nu
keur ngarandapan bancang pak�wuh, nu ngokolakeun �ta situs n�mbongkeun
hojahna. Upamana ba� basa Gunung Papandayan bitu, pon kitu deui basa aya
urug di Cililin, nu ngokolakeun Yayasan Perc�ka ngaliwatan m�dia intern�t
milu ngumpulkeun dana sumbangkeuneun ka nu ngungsi.
Ngadegkeun Taman
Pustaka
Si Ua ngarasa lebar upama
buku-buku di panganjrekanana ngan kabaca ku kulawargana ba�. Matak naon
batur g� milu maca. Ku lantaran kitu dina bulan P�bruari 2004 masang plang
di pakarangan bumina anu unina �Rumah Baca Buku Sunda Jeung
Sajabana�.
Kecap �jeung sajabana� ti
dituna mah nuduhkeun y�n nu aya di dinya t�h henteu wungkul buku basa
Sunda, tapi buku-buku dina basa Indon�sia deuih. Tapi ari eusina mah tetep
tumali jeung unak-anik kasundaan.
Aya tatangga anu nganaha-naha
ngaran kitu. Naha henteu �imah baca� ba�, car�kna. Walon Si Ua, m�mang
enya rumah baca mah sagemblengna basa Indon�sia, nu Sunda mah kecap jeung
sajabana. Jadi, jeung sajabana t�h ngaran rumah baca buku
Sunda!
Ceuk Si Ua, rumah baca mah
rada b�da jeung taman bacaan. Rumah Baca mah cenah ngajak maca babarengan,
bukuna teu diinjeumkeun. Tapi cenah deuih, ari perlu perlu teuing mah
nginjeum, nya mangga ba�, piraku dikor�tkeun, sok sanajan rada pipilih
saha-sahana nu bisa nginjeum.
Geus m�h sataun Si Ua muka
rumah baca t�h. Teu wudu sok aya nu datang. R�r�ana mah nu geus carueut ka
hareup. Tapi tampolana barudak sakola g� sok aya nu ngalanto ka dinya.
(mj)
|