Punten abdi oge sami jalmi bodo balelo perkawis agama,
Jalmi Islam tapi teu Islami leres seueur, moal teu diangken eta mah.
Nu kadua: jalmi "non muslim tapi paripolahna Islami" tah-tah
sateuacan dicobian dipairan, kedah jelas heula maksadna Islami
didieu teh naon? Moalenya non-muslim bayar zakat?
Samentawis, kulantaran abdi mah urang Akuntansi, sacara umum
logikana kieu: Keur naon urang laku hade di dunya? Ngarah meunang
balesan ti Pangeran. Pangeran nu mana? Hanas geus cape2 amal geuning
Pangeranna salah atawa teu ngaku, kumaha tah? Nyamos atuh? Nya nu
leres2 atuh milih Pangeranna, ulah si Komo dijadikeun Pangeran:)
Punten, nyambung sanes sareng postingan ngenaan dakwah antar agama
kamari, doktrin/informasi nu paling penting dina milih sareng
ngamalkeun syariat hiji agama teh ngeunaan "Pangeran mana nu
disembah" (ceuk basa deungeuna: Aqidahna atawa teologisna). Asup
akal teu, da Si Eta nu Sajati nu bakal ngabales amal urang. Salah
nyembah, risiko tanggung sendiri ... :)
Hanjakalna, loba tukang ngajak agama (naon bae) nu tara ngabejer
beaskeun doktrin kapangerannan, komo sajarahna mah. Di sisi sejen
loba jalma nu nganilai agama tina kaayaan umatna, sanes ajaranana
pokona.
cag ah tos seueur teuing lepatna ..
baktos kuwadrat
Yudi
--- In [email protected], "Agus Hermawan" wrote:
>
> Punten ngarewong. Cik kang MJ atanapi saha we, pangbahaskeun soal
> ieu. (Maklum, rumaos bekel agami abdi mah mung satai-kuku)
>
> Abdi kantos nguping.
> Cenah mah loba jalmi nu ngaku Islam--asa pangislamna malih mah--
tapi sikep jeung paripolahna teu Islami. Sabalikna, aya oge jalmi
sanes urang Islam tapi sikep jeung paripolahna Islami. Naha enya aya
posisi model kitu teh? Upami aya, sae mana?
Ari urang sadaya kalebet mana nya? Inya Allah, mudah-mudahan urang
sadaya kalebet Islam nu Islami!
>
> baktos
> agus hermawan
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for
anyone who cares about public education!
http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/