wilujeng teh tien...
teu disangki-sangki... HEBAT geuningan teh tien teh
nya..
abdi mah mung tiasa ngiring REUEUS ku
prestasina..
Wilujeng.... wilujeng... wilujeng....
Hidup Teh Tien....!!!!
Panzi
----- Original Message -----
Sent: Monday, February 14, 2005 4:28
PM
Subject: [Urang Sunda] Teh Tien Juara
kahiji Inovasi Alat Fisika: Wilujeng
Baraya,
Urang meujeuhna reueus ku prestasi dulur
urang, indung peuting tea, Teh Tien alias Ibu Tien Kartina, SPd., anu
linggih di Surabaya. Anjeunna anu ngawulang fisika di SMUN 16 Surabaya
parantos ngengingkeun juara kahiji lomba inovasi metode pembelajaran dina
raraga marebutkeun "Hibah Peningkatan Kualitas Pembelajaran Matematika
dan IPA Tingkat Nasional untuk Guru SMA Tahun 2004" anu diayakeun ku
Universitas Surabaya (Ubaya). Indung peuting teh sanes bae ngengingkeun
eta hibah, oge janten juara kahijina dina eta pasanggiri.
Anu
dipidamel ku Teh Tien teh hiji alat pikeun "pembelajaran" fisika, khususna
ngeunaan gaya berat jeung cara ngamanfaatkeunana keur kahirupan sapopoe.
Aya dua alat anu dipidamel ku Teh Tien teh, malah alat anu kahiji mah
nganggo sinar laser sagala. Kulantaran ieu alat teh nyoko kana pentingna
eksperimen, otomatis pembelajaranana oge ngalangkungan eksperimen.
Kukituna, Teh Tien teh parantos kreatif nyiptakeun alat anu nambihan
gampil ka para siswa dina raraga mahamkeun elmu fisika, khususna bab
ngeunaan gaya berat.
"Ari teteh mah inovasi pembelajaran lewat inovasi
alat, janten otomatis upami aya alatna, metoda pembelajaran nana oge
janten robih tina ceramah/diskusi janten metoda eksperimen...Kanggo fisika
mah teu aya deui motode anu sae sajabi ti eksperimen, nya alat tea
kedah di ciptakan....kitu kang...Anu sanes anu ngiring lomba-manAR), teu
tiasa menciptakan alat tapi, mengubah pola ngajar...anu biasa janten
anu teu biasa..", kitu kasauran Teh Tien waktos ku si kuring
diwawancara via chatting.
Warta ngeunaan Teh Tien anu ngengingkeun
prize kahiji dina lomba fisika-Ubaya ngajengjreng dina harian Republika,
12 februari 2005, kaca 6. Dina koran KALAM anu sumebar di wewengkon Jatim
aya diwartakeun oge ngeunaan Indung Peuting Kusnet anu jadi jawara lomba
fisika ieu.
Teu sangki nya Teh, tina ancrub di milist, urang
patepang, teras kungsi ka Panaruban sasarengan ningali konsep alat
misahkeun runtah anu migunakeun teori gaya berat, Teteh kailhaman midamel
alat keur diajar fisika para siswa. Pamugi ririungan di ieu milist tiasa
teras ngocorkeun manfaat ka sadaya anggotana.
Amin.
Baktos, manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Sponsor |
|
|
Yahoo! Groups Links
|