Ih, ulah lepat atuh, Bah. Kapan Mikihiro Moriyama nu kenging gelar PhD kanggo panalungtikanana ngeunaan Sunda ge pan ti universitas mana? (poho deui kuring ge, hehe...). Eta bae di Bandung, puseur Nagara Pasundan, kapan universitas Kristen aya sabaraha?
Ngeunaan hotbah jumat ku basa Arab, biasana di wewengkon2 nu atikanana kagolongkeun, sebut bae, tradisional keneh. Nya teu aneh mun di lembur pun Uwa di Cigedug-Cikajang hotbah jumat make basa Arab teh, dalah di sababaraha tempat deukeut kampus Baranang Siang-Bogor, loba keneh hotbah Jumat nu ku basa Arab. Ana ditanyakeun ngeunaan hal ieu ka dosen PAI, jawabanana teh "Nya alus bae, ambeh urang umat Islam dialajar basa Arab." Hehe... teu salah teu sing, bener we nu aya. Mun muslim sadaya barisa basa Arab mah, meureun, neuleuman Qur'an teh bisa leuwih teleb... On Tue, 15 Feb 2005 02:13:48 -0000, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ari sim kuring mah katarik teh sanes ku soal Nabi Isa AS Disalib > atanapi henteu tapi eta ku maca situs ieu nganggo basa sunda nu > sakitu hadena, nu ngabuktoskeun urang Nasrani diajar budaya sunda > kalawan serieus benten jeung urang Islam nu jigana teh teu pati > malire kana kasundaan. Abah Surya kapungkur kantos ngawartosan cenah > di Sastra Sunda UNPAD kantos aya mahasiswa Nasrani nu dibeasiswaaan > kanggo diajar basa Sunda (leres henteu Neng Empup?). > Kuring oge kungsi helok jeung kaget waktu kuring juma'ahan di Masjid > di dareah Ciawi Bogor jeung di Cibadak Sukabumi. Helok jeung kagetna > teh eta ku pedah khotbahna make basa Arab ti mimiti tepi ka > anggeusna!. Atuh kuring teh ngarasa jadi "Cina dipangwayangkeun", > teu ngarti sapotong-potong acan naon nu dikhotbahkeun. Balik > juma'ahan, kuring sura-seuri sorangan, inget ka dongeng pun aki. > Cenah mah jaman baheula, kulantaran khotbahna kudu make basa Arab, > pas nu biasa khotbah gering teu bisa datang, anu jarumaahan pada > bingung, untung aya Arab mindring ngaliwat (Arab rentenir tukang > nginjeum-nginjeumkeun duit di pilemburan), langsung ditarewak, > dijagragkeun dina mimbar sina khotbah! -- sikandar ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Give underprivileged students the materials they need to learn. Bring education to life by funding a specific classroom project. http://us.click.yahoo.com/4F6XtA/_WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

